Kurang ti 24 Jam, Pulisi Majalengka Ngamankeun Ulon-ulon anu Ngaduruk Imah jeung Mobil Popotonganana

- 10 Mei 2024, 07:46 WIB
IS, kahiji ti katuhu (diuk) dicangkalak di padumukanana. IS ngaduruk mobil jeung Imah popotonganana alatan narah diajak rujuk.
IS, kahiji ti katuhu (diuk) dicangkalak di padumukanana. IS ngaduruk mobil jeung Imah popotonganana alatan narah diajak rujuk. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Kepolisian Resort (Polres) Majalengka, Polda Jabar dina jangka kurang ti 24 jam saprak kajadian,  nyangkalan IS nu ngaduruk mobil jeung imah YS.

Mobil YS diduruk ku IS di pakarangan Alfamart Desa Cipinang, Kecamatan Rajagaluh, Kabupaten Majalengka. Ti dinya IS ngaduruk imah YS di Desa Kumbung, masih Kecamatan Rajagaluh. Kajadianana dina poe nu sarua, Salasa, 7 Mei 2024.

YS (43) teh popotongan IS(41). IS hayangeun balik deui atawa rujuk, ngan YS narah. Waktu YS keur balanja jeung anakna di Alfamart, IS ngaduruk mobil YS ti dinya ngaduruk ruang tamu Imah IS.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, nalika dikonfimasi ku wartawan di Polres Majalengka, ngajentrekeun kronologi dicangkalakna IS.

"Ulon-ulon kirang ti 24 jam diamankeun, hasil getapanana tim intelijen katut koordinasi anu solid," ceuk Kapolres reueus, Rebo peuting (08/05/2024).

Dumasar katerangan ti Kasat Intelkam Polres Majalengka, AKP H. Agus Romy, A.Md., S.H., M.H., ulon-ulon kapanggih di Desa Sukaraja Kulon, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka.

"Kenging informasi,  tim operasional intelijen saenggalna ngalaksanakeun ellicyting ka jaringan intelijen katut tokoh masarakat," ceuk AKP H. Agus Romy.

Proses nyangkalak ulon-ulon ngaubkeun  kulawarga ulon-ulon anu daekkeun ngabantuan ka pihak kapolisian.

"Ulon-ulon disarengan ku kulawargina  sareng tokoh masarakat nepungan petugas di jalan Desa Sukaraja Kulon tur sagemblengna sayogi kangge diproses hukum," ceuk Agus Romy.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah