Mobil jeung Imah Popotongan Diduruk alatan Narah Diajak Rujuk

- 8 Mei 2024, 18:06 WIB
Mobil YS  nu dduruk ku IS alatan YS narah diajak rujuk.
Mobil YS nu dduruk ku IS alatan YS narah diajak rujuk. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Unit Reskrim Polsek Rajagaluh, Polres Majalengka Polda Jabar, nampa laporan ti warga ngeunaan dugaan tindak pidana ngaruksak jeung ngancam, Salasa (07/05/2024), di dua lokasi anu beda. Laporan ditarima, Rebo (8/5/2024).

Ceuk Kapolsek Rajagaluh Iptu H. Rusli Iskandar,SH, korban dina eta kajadian: YS (20), wanoja warga Desa Kumbung Kecamatan Rajagaluh Kabupaten Majalengka. Ulon-ulonna, inisial IS (41),  urug salaki YS.

Kronologis kajadian Salasa, 07 Mei 2024, kira-kira jam 10.00 WIB, IS  ngontak korban sarta nyebutkeun hayang  panggih sabab IS hayang rujuk. Tapi ditolak ku korban.

Dina jam 16.00 WIB, korban jeung anakna balanja di Alfamart Desa Cipinang Kecamatan Rajagaluh Kabupaten Majalengka, mobil korban, Nissan Grand Livina, nomor polisi E 1274 WQ, diparkir di pakarangan parkir hareup Alfamart.

IS ujug-ujug datang tur ngaduruk mobil. Inyana ngabanjur mobil ku pertalite nu dibawana ngagunakeun sapalastik ka bagian luhur mobil, tuluy nghurungkeun korek api.

Rengse ngaduruk mobil, IS langsung muru ka imah korban di Blok Ahad Rt.001 Rw.001 Desa Kumbung Kecamatan Rajagaluh Kabupaten Majalengka. Ti dinya, IS gabanjurkeun deui bensin ka ruang tamu sarta  ngahurungkeun korek gas, nu ngabalukarkeun kahuruan di rohang tamu imah korban.

Dina waktu kajadian, teu aya korban jiwa lantaran euweuh jelema anu aya di mobil pon kitu deui di imah. Rengse ngaduruk imah jeung mobil, IS Kabir tur ngancam korban ngaliwatan pesan WhatsApp, SMS, katut telepon, bakal maehan korban.

Karugian  korban balukar kajadian eta nepi ka Rp. 50.000.000,- (lima puluh juta Rupiah). "Ulon-ulonna masih dina penyelidikan kapulisian," ceuk Kapolsek.***  Ayank R Sambara

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah