Polres Majalengka Ngaluuhan Workshop Optimalisasi Penggelaran Bhabinkamtibmas di Wilayah Hukum Polda Jabar

- 23 April 2024, 15:30 WIB
Wawakil Polres Majalengka  nu miluan workshop di Aula Direktorat Lalu Lintas Polda Jabar, Salasa (23/4/2024).
Wawakil Polres Majalengka nu miluan workshop di Aula Direktorat Lalu Lintas Polda Jabar, Salasa (23/4/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Polres Majalengka aub dina kagiatan workshop anu mibanda tujuan keur ngoptimalkeun  Bhabinkamtibmas di wilayah hukum Polda Jabar. Workshop digelar di Aula Direktorat Lalu Lintas Polda Jabar, Salasa (23/4/2024).

Wawakil ti Polres Majalengka: Kabag SDM Polres Majalengka, Kompol H. Kustadi, SH, Kabag Ren Polres Majalengka, Kompol Cucu Supiar, S.Sos, jeung Kasat Binmas Polres Majalengka, IPTU Supriyadi, SH.

Bubuka workshop dilaksanakeun ku Ditbinmas Polda Jabar anu diwakilan ku Kabag Bin Opsnal Ditbinmas Polda Jabar, AKBP Sunarya, S.Pd., M.M.

Baca Juga: Dandim 0617/Majalengka Ngaluuhan Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 Tingkat Polres Majalengka

Dina ieu acara dipasrahkeun layang pangajen lomba Tiga Pilar ka anu juara lomba diwakilan ku Kabag Bin Opsnal Ditbinmas Polda Jabar, AKBP Sunarya, S.Pd., M.M.

Salian eta, aya parelen ti Biro Rena anu diwakilan ku AKBP Soleh, ti Biro SDM Polda Jabar anu diwakilan ku Kasubag Kompeten Ro SDM Kompol Asep Agus Tomi, S.E., M.M, sarta ti Ditbinmas Polda Jabar anu diwakilan ku Kasubdit Bhabinkamtibmas, AKBP Wawan Hermansyah, S.Sos., M.Si.

Sakumna pejabat ti Polda Jabar sarta Polres sajabar datangr dina workshop, bareng jeung Bhabinkamtibmas tur Babinsa ti sababaraha wilayah. Ku ayana ieu kagiatan, dipiharep bakal aya sinergi anu leuwih tohaga antara aparat kapulisian, pamarentah, jeung masarakat dina ngajaga kaamanan tur katartiban di tingkat lokal.

Workshop saperti ieu jadi tempat keur silihsimbeuh elmu pangaweruh, pangalaman, tur strategi keur ngaronjatkeun efektivitas Bhabinkamtibmas dina ngalaksanakeun tugasna di lapangan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x