Hari Buruh Di Kuningan, Disnaker jeung KSPSI Ngayakeun Donor Darah jeung Pengobatan Gratis

- 30 April 2024, 18:20 WIB
Donor darah dina runtuyan mieling Hari Buruh Internasional di Kabupaten Kuningan
Donor darah dina runtuyan mieling Hari Buruh Internasional di Kabupaten Kuningan /Ajun Mahrudin/

GALURA-Dinas Tenaga Kerja dan Transmigrasi (Disnaker) Kabupatén Kuningan rukun gawé jeung Konfederasi Serikat Pekerja Seluruh Indonesia (KSPSI) Kabupatén Kuningan, ngayakeun donor darah jeung pengobatan gratis, di Pandapa Paramarta, Ahad, 28 April 2024.

Ketua Panitia Penyelenggara, Dani Ramdani, anu ogé pangurus KSPSI Kabupatén Kuningan, nyebutkeun éta acara minangka runtuyan mieling Hari Buruh Internasional, 1 Mei 2024.

Ceuk Dani, hususna anu miluan donor darah réana kurang leuwih 60 urang. sajaba pagawé pausahaan aya ogé ti antarana masarakat umum.

Nurutkeun Dani, pihakna geus dua kali ngayakeun donor darah. Tapi pengobatan gratis mah kakara taun ieu, rukun gawé jeung RS. Wijaya Kusumah Kuningan.

Dani nambahkeun, pihakna ngayakeun aksi sosial sangkan karasa mangfaatna ku masarakat umum.

Sajeroning kitu, Kabid Perlindungan Disnakertran Kabupaten Kuningan, Yayah Meliawati, nyebutkeun sajaba donor darah jeung pengobatan gratis, pihakna ogé méré santunan pikeun barudak yatim piatu.


 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah