Kasat Samapta Polres Majalengka Mingpin Ngadegkeun Pos Ketupat Lodaya 2024

- 30 Maret 2024, 19:17 WIB
Polres Majalengka ngadegkeun Pos Operasi Ketupat di Gate Tol Kertajati.
Polres Majalengka ngadegkeun Pos Operasi Ketupat di Gate Tol Kertajati. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dina raraga ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 2024, Polres Majalengka ngalaksanakeun persiapan ku ngagelar kagiatan nyieun Pos Ketupat Lodaya. Dipingpin ku Kasat Samapta Polres Majalengka, AKP Adam Rohmat Hidayat S.H., M.H., di Gate Tol Kertajati, Saptu (30/3/2024).

Pos Ketupat Lodaya teh salasahiji lengkah strategis ti kapulisian dina mastikeun kaamanan tur tumaninah salila perayaan Idul Fitri. Ku ayana pos, dipiharep palayanan oge pangamanan masarakat salila arus mudik katut arus balik bisa kalayanan sacara optimal.

AKP Adam Rohmat Hidayat, netelakeun, pentingna ieu kagiatan dina ngajaga situasi kaamanan jeung katartiban salila Idul Fitri.

Baca Juga: Tim Itwasda Polda Jabar Gelar Kagiatan Pengawasan Operasi Pekat I Lodaya 2024 di Polres Majalengka

"Pos Ketupat Lodaya nyaeta lengkah preventif dina ngantisipasi potensi gangguan kamtibmas sarta masihan palayanan oge bantosan ka masarakat anu meryogikeun salami perjalanan mudik katut balik," ceuk SKP Adam Rohmat Hidayat.

Dina kagiatan nyieun Pos Ketupat Lodaya ngalibetkeun  anggota Polres Majalengka ti sababaraha unit jeung widang. Rempug gawe keur mastikeun sagala persiapan tur kalengkepan pos geus sadia kalayan hade.

Di tempat anu misah, Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., oge nandeskeun pentingna persiapan jeung koordinasi anu asak dina nyanghareupan arus mudik jeung arus balik Idul Fitri.

"Simkuring katut rengrengan komitmen kangge maparinan perlindungan oge palayanan panghadena ka masarakat salami perayaan Idul Fitri," ceuk Kapolres.

"Ayana Pos Ketupat Lodaya, dipiharep masarakat tiasa ngaraos langkung aman tur tumaninah dina ngalaksanakeun perjalanan arus mudik oge arus balik," ceuk AKBP Indra Novianto.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x