Sinergi Ngajaga Kamtibmas di Bulan Romadon, Sat Samapta Polres Majalengka jeung TNI Turun ka Lapangan

- 27 Maret 2024, 15:07 WIB
Anggota TNI jeung Polri dina ngajaga Kamtibmas mindeng babarengan patroli.
Anggota TNI jeung Polri dina ngajaga Kamtibmas mindeng babarengan patroli. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Satuan Samapta (Sat Samapta) Polres Majalengka Polda Jabar jeung anggota TNI turun ka lapangan dina tarekah ngajaga kaamanan oge katartiban masyarakat (Kamtibmas) di wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo (27/3/2024).

Ieu kagiatan dilaksankeun bagian tina strategi sinergis antara Polri jeung TNI dina ngaroris situasi Kamtibmas salila bulan Romadon.

Kepala Bidang Operasi (KBO) Sat Samapta Polres Majalengka, IPTU Aris Sulisyanto, dibarengan ku Kanit Turjawali Sat Samapta Polres Majalengka, IPDA Ato Rusdianto, SH, anggota Sat Samapta jeung anggota TNI ngalaksanakeun patroli sarta ngajaga di sababaraha titik strategis di wilayah Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Polsek Maja Polres Majalengka Umajak Siswa Ngajaga Kamtibmas di Bulan Romadon

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun Kasat Samapta Polres Majalengka, AKP Adam Rohmat Hidayat, S.H., M.H., nnyebutkeun pentingna rukun gawe antara Polri jeung TNI dina ngajaga Kamtibmas, anu utama di bulan Romadon.

"Dina sasih Romadon, potensi kajantenan gangguan Kamtibmas tiasa ngaronjat. Tina kituna, kapulisian sareng anggota TNI ngalaksanakeun patroli sasarengan dina nangtoskeun situasi tetep aman kondusif di wilayah Kabupaten Majalengka," ceuk AKP Adam Rohmat Hidayat.

Salila kegiatan patroli, patugas cumeluk ka masarakat pikeun tetep waspada jeung ngajaga kaamanan. Salian eta, anggota kudu sayaga mantuan sarta nangtayungan ka masarakat nalika dibutuhkeun.

Dipiharep ku ayana sinergi antara Polri jeung TNI, situasi Kamtibmas di wilayah Kabupaten Majalengka bisa kajaga kalayan hade, sangkan umat muslim bisa ngalaksanakeun ibadah puasa kalayan tingtrim jeung husyu.

"Polres Majalengka teras komitmen kangge masihan palayanan panghadena dina ngajagi kaamanan oge katartiban masarakat," ceuk AKP Adam Rohmat Hidayat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x