Panceg Tilu Taun Jadi Bupati Bandung, Tegalluar Desa Asal Dadang Supriatna Angger sok Banjir

- 26 April 2024, 20:30 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Tanggal 26 April 2021, panceg tilu taun ka tukang, isuk-isuk Dadang Supriatna diistrènan Bupati Bandung ku Gubernur Jawa Barat. Kana ieu peristiwa Dadang Supriatna mèrè catetan.

"Simkuring ngadeg di payunenu Gubernur Jawa Barat. Waktos harita sanès saurang Dadang Supriatna biasa. Nganggo setelan sarwa bodas , simkuring disumpah ku panyalindungan Al-Quran kanggo saenyana ngajalankeun amanah janten Bupati Bandung periode 2021-2026, " kitu catetan Dadang Supriatna.

Pamiangan Dadang Supriatna jadi Bupati Bandung ti kasang tukang saurang rumaja nu resep aub dina kagiatan masarakat. Dadang Supriatna sadar loba hal nu bisa dilakukeun pikeun karaharjaan masarakat di desa. Desa Tegalluar nu jadi tempat dirina tumuwuh.

"Tegaluar, desa nu janten saksi kumaha antukna simkuring kèngèng kapercantenan ti masarakat sebagèn kepala desa teras ngajajap simkuring janten pamingpin di tingkat nu langkung lega, " ceuk Dadang Supriatna.

Ku pangersa kakawasaan Allah SWT, ceuk Dadang Supriatna tilu taun ieu, ku pido’a, dukungan, jeung partisipasi sakumna elemen masarakat, Kabupaten Bandung bisa ngalaman kamekaran nu kacida melesat.

"Kabupaten Bandung tos dileler 314 pangajèn tina pirang-pirang aspek. Sadaya pangajèn, tangtos simkuring reueus. Namung sanes ukur reueus hiji pamingpin, tapi  hiji Dadang Supriatna, putra daerah nu gumelar, dewasa di tanah Kabupaten Bandung, " pokna.

Ku kituna , Dadang Supriatna nganuhunkeun ka masarakat Kabupaten Bandung sabab upama aya pangrojong, do’a, tur partisipasi ti masarakat kamekaran  Kabupaten Bandung moal tiasa kahontal tepi ka iraha baè.

"Salami tilu taun simkurig ngajabat tangtos masih aya kakirangan sareng ogè kaslahan nu dilakukeun. Ku margi kitu, simnkurig ogè nyuhunkeun dihapunten sagala tina sagala kakirangan sareng kalepatan nu kantos dipilampah, " ceuk Bupati Bandung.

Dina 3 taun kapamingpinanana, Dadang Supriatna, sadar  masih kenèh loba hal nu can bisa dihontal.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x