Banjir di Jadek Margahayu Kabupaten Bandung can Bisa Diungkulan

- 26 April 2024, 06:13 WIB
Banjir Jalan Dengdek Kabupaten Bandung, Kemis peuting (25/04/2024).
Banjir Jalan Dengdek Kabupaten Bandung, Kemis peuting (25/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Hujan ti sore kamari, Kemis, 25 April 2924 tepi ka peuting nu ayer-ayeran di wewengkon Bandung dituding jadi balukar banjir di sabudeureun Kecamatan Margahayu.

Geus puguh di Jalan Dèngdèk (Jadek) wates Desa Margahayu Selatan jeung Desa Sayati mah. Di RT O1/08 luhurna cai tepi ka 50 senti meter. Sababaraha warga nu imahna kaanjangan cai saluhureun bitis riweuh ngamankeun barang-barang bogana sewang-sewangan.

Salasaurang warga RT 95/05 Desa Sayati, Kang Yans dina status FB-na ngangluh sabab cai ngeueum imahna: "Yang belum ada solusinya. Perlu sentuhan untuk warga Sayatu: Banjir , " kitu uni status FB-na.

Pamarèntah ti tingkat desa, kecamatan tepi ka Kabupaten Bandung geus satèkah polah ngungkulan pasualan banjir Jadek.

Tapi can aya hasil anu nyugemakeun. Pasualanana beda kawenangan antara Pamarèntah Kabupaten Bandung jeung provinsi dianggap nu jadi hahalangna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x