Alpina, Legenda Tas jeung Alat Outdoor ti Bandung, Masih Keneh Nanjeur

- 29 April 2024, 15:08 WIB
Faidjan Adriyanto (Mas Yanto) nu taun 1985 ngadegkeun pausahaan tas jeung alat outdoor merek Alpina  dipoto di hareupeun  showroom Alpina di Jalan Alpina N0. 1,  Kompleks Dago Asri Bandung.*
Faidjan Adriyanto (Mas Yanto) nu taun 1985 ngadegkeun pausahaan tas jeung alat outdoor merek Alpina dipoto di hareupeun showroom Alpina di Jalan Alpina N0. 1, Kompleks Dago Asri Bandung.* /Nanang/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Inget ka jaman kuliah bareto ari nempo tas merek Alpina teh. Kitu ceuk salasaurang wartawan di Bandung. Inyana kuliah di Semarang. Di kampusna gabung jeung kelompok pencina alam, taun 1990-an mindeng unggah turun gunung.

Alat-alatna lolobana make merek Alpina nu harita mah keur ngajaul pisan. Upamana wae tas carier (ransel), calana, dudukuy, baju, rompi jeung sajabana. Inyana ngahaja ka Bandung neangan keur kaperluan outdoor. “Kualitasna hade, hargana kahontal ku saku mahasiswa,” pokna.

Alpina  mimiti ngeuyeuban alat-alat outdoor, 1 Agustus 1985. Ditaratas ku dwi tunggal anggota Wanadri jeung manten pagawe pausahaan Jayagiri nu ngaproduksi alat-alat outdoor munggaran di Indonesia: Bambang Broto (Bang But, suargi) jeung Faidjan Adriyanto (Mas Yanto). Tepi ka kiwari  terus ngaproduksi. 

Ilikan wae di showroom Alpina (wancahan tina: Alam Pegunungan Indonesia), Jalan Alpina nomer 1 Kompleks Dago Asri, Kecamatan Coblong, Kota Bandung. Matak kelar, matak waas, ngilikan produk Alpina anu kumplit keneh, sababaraha jenis barang stok heubeul ge araya keneh, jeung hargana standar.

Memang, keur barudak sakola, mahasiswa, jeung para pecinta alam  di Bandung taun 90-an, make paralatan  outdoor kayaning rangsel (backpack), jeket, baju lapangan,  raincoat (jas hujan), sealant, calana kargo (cargo pants), tenda, sleeping bag (kantong tidur), sapatu, sendal gunung,  asesoris, jeung sajabna, nu merkna Alpina teh jadi kareueus.

Henteu gaya,  teu keren lamun teu make  produk Alpina. Produk Alpina memang kualitasna hade, bahanna wedel, kuat, awet, modelna aralus jeung rupa-rupa sarta hargana kawilang murah dina kelasna mah. Atuh teu helok lamun toko Alpina deukeut wewengkon Cisitu Lama teh rame wae pada ngadeugdeug ku siswa, mahasiswa, jeung pecinta alam.

Masarakat nu teu harib-harib acan kana naek turun gunung atawa kukurubutan di leuweung sok ngahaja datang ka showroom Alpina. Samalah baju keur lebaran ge sok mareuli produk Alpina. Estu hal nu hade dina enggoning mikacinta produk dalam negeri. “Alhamdulillah dugi ka danget ieu ge Alpina  eksis keneh,” ceuk Mas Yanto.

Alpina terus ngaproduksi jeung barang-barangna  kumplit keneh. Paralatan outdoor saperti  calana kargo anu loba sakuna, training, sweeter,  kaos, sendal, sleeping bag, tenda, jeung sajabana,  nyampak keneh. “Kuatlitasna dijamin  tiasa dibuktikeun sarta hargana standar teu awis teuing,”  kitu ceuk Mas Yanto.

Konsumenna ge ceuk  Mas Yanto, loba keneh, unggal poe Saptu jeung Ahad loba nu datang ka showroomna. utamana ku urang Jakarta jeung wewengkon sejenna. “Anu ngahajakeun sumping ka toko ge seueur, malihan sok nyarandak putrana, janten regenerasi lah,  da ramana kapungkur langganan Alpina,” pokna reueus.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x