Kudu Kumaha sangkan Nagara Jadi Kerta Raharja?

- 8 Mei 2024, 08:57 WIB
/

Ku: Shandy Syahtiman

Pun sapun
Sampurasun
Sampurna Ingsun

Ari lengkapna mah kumaha sangkan nagara gemah ripah loh jinawi toto tentrem kerta raharja, nagara anu subur makmur bisa adem ayem? Rahayat sugema kacumponan sagala pangabutuhna kahayang ieu tangtuna kahayang sakabeh umat manusa di alam dunya.

Naliktik tina sagala anu aya di nagara urang boh hasil tatanen, hasil alam bumi na, nepi ka jumlah manusana, geus jangkep syarat jadi nagara kuat jeung hebat.

Tapi ku naon malah jadi nagara nu rea hutang jeung ngimpor beas anu jadi kadaharan utama, padahal nagara urang teh nagara agraris ti kolot buhun baheula hasil tatanen jadi kareueus. Lain ceuk carita baheula hasil rempah hargana sarua jeung emas.

Bukti nyata di kiwari lain rek nyalahkeun nagara tapi ieu mah keur lenyepkeuneun. Di kulon tatar sunda aya kampung adat Ciptagelar kiwari mah geus pindah ganti ngaran jadi Gelar Alam, dina nata lemburna masih nyekel tur ngajaga pakem tuntunan karuhunna.

Anu matak reuwas boga leuit beas anu eusina bisa nyiapkeun keur rahayat kampung adat salila 90 taun ka hareup, pek tinggali dina internet youtube.

Lain carita lain dongeng tapi kanyataan di ditu euweuh ahli tatanen nu disebut profesor di kiwari, ku mandirina euweuh sistim ekonomi, keuangan, pulitik anu di atur ku nagara atawa pamarentah.

Ieu ciri tuntunan kolot dina tatanen jeung kanagaraan atawa ngurus rahayat, karuhun mah geus masagi harmonis jeung alam tur wayah atawa waktuna.

Sagala polah dina ngolah rahayat tur pangabutuhna pasti dimimitian ku mipit amit sangkan alam anu ditempatan oge waktu atawa wayah anu dilakonan bisa gumulung adumanis, ngajauhkeun tina sagala perkara kagorengan atawa mamala.
Kumaha we siga sagala ibadah tah dimimitian ku niat, niat teh mangrupa mipit amit, tapi niat teh lain ku kereteg wae, lir ibarat rek kawin maenya cukup ku kereteg pan aya taraptina, mun langsung kawin mah nya sato ngarana.

Pek dina teknologi kiwari oge kudu aya sasajenna. Contona rek ngajelaskeun ka balarea pan kudu aya keretas, spiker, kudu aya infocus, kudu aya komputer listrik jeung sajabana, pek mun euweuh salah sahiji bakal bisa? Pan moal.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah