Islam jeung Sunda Gumulung Ngahudangkeun Kakuatan Tan Katingali

- 24 April 2024, 08:33 WIB
/

Ku: Sandi Syahtiman

GALURA.CO.ID -Aya pangalaman anu luar biasa dina nyawang Bulan tadi tengah peuting. Dina robahna mangsa ganti jaman, budaya jeung agama, lebah dieu Sunda jeung Islamna  bakal gumulung ngahudangkeun kakuatan nu  teu katingali.

Kakuatan nu teu katingali teh eusina budaya ti karuhun katut lelembutanana, jeung al-Qur'an nu pasti ti Gusti Allah SWT.

Supaya urang bisa salamet hirup, boh di dunya boh di alam jaga, moal aya cara nu bisa narekahan lian ti ngajaga Al-Qur’an sacara murni jeung konsekuen tur ngajaga tuntunan karuhun ti saur pitutur para sepuh.

Ngaja Al-Qur’an jeung tuntutnan saur sepuh moal bisa sewang-sewangan, moal bisa paaing-aing da apan geus gumulung jadi hiji, ibarat gula jeung amisna. Geus jentre: ti karuhun  mah elmu carek (pitutur jeung maca), Al-Qur’an mah tuntunan tinulis.

Jadi urang kudu bisa maca jeung nulis. Kumaha urang mun bisa maca wungkul atawa sabalikna nulis wungkul, moal saimbang. Moal yin-yang, moal dasdeung (bodas hidrung), moal  amar ma’ruf nahi munkar.

Kumaha bisa ngahontalna cukup ajeg-adeg tuntunan karuhun, istiqomah dina tuntunan Gusti Allah SWT,  nyaeta:

  1. Jaga pikiran (tekad) ku nata pikir, niti pikir, nutu pikir,.pikiran goreng bakal mawa diri kana karma goreng
  2. Jaga ucapan ku nata ucap, niti ucap, nutu ucap, ucapan goreng bakal mawa diri kana karma goreng
  3. Jaga kalakuan (lampah) ku nata laku, niti laku, nutu laku, kalakuan goreng bakal mawa diri kana karma goreng

Omat radio, hp, tv kajeun hebatna dina ngabewarakeun, ngada’wahkeun, ngapedarkeun hiji hal radio, hp jeung tv mah moal bisa ngajalankeun. Kajeun hirup tapi paeh teu bisa nanaon. Dicabut listrik beak carita. Urang mah mahluk anu paling mulya, jalankeun pok pek prak.

Al-Qur'an milik sakabeh umat manusa. Budaya tinggal gumulungkeun deui jeung Al-Qur'an. Budaya Sunda oge gumulungkeun deui jeung Al-Qur’an. Budaya nu udagana keur ngaraharjakeun manusa lahir jeung batin. Unggal budaya enas-enasna udaganana sarua.  

Urang ulah tepi ka ngaleutikeun jeung ngagedekeun sakur nu aya di alam semesta, lantarana intina mah teu bisa di pisahkeun. Moal aya nu gede mun euweuh nu leutik, moal aya nu bener mun euweuh nu salah, jeung saterusna.

Geuningan Bumi muteran anu gede nyaeta Panonpoe. Bumi oge diputeran oge ku anu leutik nyaeta bulan. Pek lamun euweuh Bulan atawa Panon poe bakal culang-cileung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x