Kaancuran Bangsa jeung Nagara

- 10 Januari 2024, 12:36 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /

Ku Mh.Usfuriddin Rowi

GALURA.CO.ID -Kaancuran bangsa jeung nagara, réa dikisahkeun dina Quran katut Sunnah Rosululloh Saw. Ukur nyésa tapak-tapak patilasanana,  nu bisa dipakě eunteung  ku generasi sapandeurieunana.

Nya  Alloh SWT marěntahkeun ka sakur manusa, sangkan lumampah di latar jagat, pikeun nyaksian jeung napakuran pasěsaan kajayaan umat-umat baheula nu geus diancurkeun ku Alloh SWT balukar nukang-nonggong kana aturan Anjeunna (Q.s. Rum : 41) .

Kakawasaan Alloh SWT taya wates wangen. Naon baě kapalay Anjeunna, sakedět nětra bisa ngawujud.

“Alloh nu nyiptakeun langit jeung bumi, sarta lamun Anjeunna palay nyiptakeun naon waě oge, cukup ku ngucapkeun “Kun Fayakun”. Jleg baě jadi  (Quran S.Al Baqoroh : 117).

Sanajan kitu, Alloh SWT teu sawenang-wenang. Teu ujug-ujug ngancurkeun bangsa jeung nagara kitu baě. Saměměhna diiberan heula ngaliwatan utusan-utusanaNa, para Nabi katut Rosul (Q.s.Al A’rof : 100-102). Sarta ngaliwatan dawuhaNana nu tinulis dina kitab pituduh (Al Quran).

Di antarana, saměměh ngancurkeun hiji bangsa jeung nagara, Alloh SWT měpělingan heula kaom “mutrofin” (ělit) di eta nagri. Sangkan kaom elit (pangawasa, pangusaha, politikus) nu harirup medah-meduh di dnya,  milampah takwa.

Ta’at kana parěntah Alloh, sakaligus nyingkahan panglarangNa. Ngan maraněhna mantangul. Boga kakawasaan dipakě nyangsara umat, boga pausahaan dipakě ngaruksak alam, boga kaahlian politik dipakě ngeduk kauntungan pribadi katut kroni-kronina.

“Lantaran maraněhna wangkelang bedang,nya tumiba katangtuan Kami. Ěta nagri ku Kami diancurkeun saancur-ancurna.” (Quran S.Isro : 16)

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah