Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

- 8 Januari 2024, 19:08 WIB
Dadang atawa Udang (katuhu), urang Ciparay anu jadi Tarzan di tengah leuweung Rejang Bengkulu, nyorangan, ukur dibaturan ku welasan anjing nu 24 jam siaga, ngajaga dununganana.
Dadang atawa Udang (katuhu), urang Ciparay anu jadi Tarzan di tengah leuweung Rejang Bengkulu, nyorangan, ukur dibaturan ku welasan anjing nu 24 jam siaga, ngajaga dununganana. /Emha/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Murni ieu mah Tarzan sakumaha nu geus jadi kacindekkan uteuk urang tina carita wangwangan urang Barat. Ngan lain dongeng fiksi, tapi carita nyata: nonoman Ciparay nu hirup di leuweung Bengkulu.

Ngaranna teh Udang atawa Dadang, umurna 48 taun. Pituin urang Ciparay, Kabupaten Bandung, ti  Calengka. Inyna geus ampir lima taun hirup nyorangan di tengah leuweung gerotan di Bengkulu, Pulo Sumatra. Bisa kasebut nunggul pinang teh lain bobohongan, nunggelis jeung tempat dumukna jauh ka ditu ka dieu.

Waktu Galura unggah ka kolotna di Calengka Ciparay, sarta nanyakeun ngeunaan Dadang, pokna teh: Si Sardang mah geus ting­trim hirup mandiri di leuweung Bangkulu, cenah. Abah Usul, 80 taun, bapana Dadang geus masrahkeun hirup-huripna Dadang ka Nu Mahakawasa, teu sirikna top badak top maung.

Baca Juga: Beubeunangan Ngaronjat Bupati Bandung Ngapresiasi Kinerja Baznas Kabupaten Bandung

Puluhan taun ka tukang, Da­dang teh kungsi jadi kenek treuk, bari ngarereb di dua tempat; Calengka jeung Sapan Tegalluar. Di daerah Sapan cicingna sasat lain di deungeun tapi di nu jadi nini pituinna, jeung  di uwa-bibina anu sabagian gede ruruntuk transmigran nu diiangkeun ku pamarentahan taun 1982. 

Di antara kulawarga uwana, aya anu tagen bumen-bumen di Bengkulu malah pangbeuntana tepi ka mampuh ngalaksanakeun indah haji. Ngaranna teh Abah Ejen, ayeuna mah geus almarhum. Tina jejemna makayakeun lahan jatah pamarentah tepi ka bisa meulian lahan sabudeureunana.

Atuh tina sahektar, lahan jatah ti pamarentah tea, jadi ngabeukahan welasan hektar.  Sabagean gede lahanna dipelakkan kalapa sawit. Bati tina ngebon kalapa sawit tangtu wae matak nguntungkeun. Minyak kalapa sawit jadi bahan baku utama keur minyak goreng. Malah minyak sawit loba diekpor ka nagri deungeun.

Abeh Ejen suwargi oge mampuh nguliahkeun hiji ti antara barudakna di Kota Bandung tepi ka ngahontal S1. Kiwari pakaya titinggal Abah Ejen diurus jeung dikokolakeun ku seuweu-siwi Abah Ejen, kari neruskeun, teu kudu ngabaladah ti enol heula, teu kawas nu jadina bapana waktu taun 1982 transmigrasi.

Baca Juga: Museum Transportasi di TMII Jakarta, Pangjugjugan Wisatawan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x