Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

- 8 Januari 2024, 19:08 WIB
Dadang atawa Udang (katuhu), urang Ciparay anu jadi Tarzan di tengah leuweung Rejang Bengkulu, nyorangan, ukur dibaturan ku welasan anjing nu 24 jam siaga, ngajaga dununganana.
Dadang atawa Udang (katuhu), urang Ciparay anu jadi Tarzan di tengah leuweung Rejang Bengkulu, nyorangan, ukur dibaturan ku welasan anjing nu 24 jam siaga, ngajaga dununganana. /Emha/galura.co.id

Tah, ketak jejem jeung teu cecehanana Abah Ejen teh diguruan ku Dadang. Keur saheulaanan sataun dua taun mah milu nyiruruk di nu jadi uwa manehanana. Mimitina bunta-bantu gawe, di huma, di leuweung, diajar cara melak, miara tug tepi ka panen kalapa sawit. Dadang ahirna parigel dina kalapa sawit.

Abah Ejen nu imahna di area KJS Muko-Muko Bengkulu oge teu ngantep Dadang kitu wae. Suanna nu balantrak jauh-jauh ti Tatar Bandung teh dimodalan sarua jeung ka barudakna anu can maracakal. Dadang atawa katelah di lembur mah Udang ahirna bisa meuli deui lahan sahektar,  anu anggangna ti KJS Muko-Muko teh 8 jam lalampahan make motor

Lain ukur nguyek dina sawit, Dadang oge macakal kana usaha sejenna, samodel ngaborong nu­ar­an tatangkalan kahot sakaligus jeung ngiangkeunana ka bandar. Lian ti eta ngabandar lalab-lumbrah katut ka bungbuahan. Tina usahana kabeuli deui lahan sahektar leuwih. Lahanna kawilang jolok, gigireun lahan nu munggaran dipimlik.

Sanggeus bofa lahan dua hektar,  Dadang nyieun imah weweg di tengah lahan dua hektar bogana. Tuluy bebeja sakaligus amitan ka Abah Ejen deuk nunggal macakal di tengah leuweung Kacamatan Rejang. Diidinan, malah disumengaten, sangkan bisa mandiri jeung boga pangasilan sorangan, jeung dijurung sina leuwih maju.

Baca Juga: Resto Kampoeng Banyumili, Kampung Rasa Sunda di Tanah Jawa

Waktu salasaurang kapi adina Yadi, 45 taun ti daerah Sapan Tegalluar nyukcruk Dadang, ngahaja miang ka Bengkulu, nya ti dieu kapanggihna itungan 8 jam kana motor ti Muko-Muko. Lalampahan sakitu lilana teh lain ngahanca jalan hotmix,  tapi mindeng nungtun motor ari sakalieun mapay jalan rembet areuy jeung kakayon.

Yadi, ngendong dua poe dua peuting di imah Udang anu hirup nunggelis di tengah leuweun, teu anak teu pamajikan da sidik can rarabi. Ari ditanyakeun mah, naha teu niat boga anak pamajikan. Jawabna teh; dua tilu taun deui mah arek, komo lamun geus sukses kasebut bandar sawit atawa juragan leuweung.

Asa hirup dina lalakon Si Tar­zan nu campur gaul jeung gorombolan gorila, keur saterusna jadi jeger leuweung, kitu ceuk Yadi. Kumaha keueung di ditu? Di tengah leuweung sawit? Tacan aya listrik. Euweuh tatangga hiji-hiji acan. Mun aya nanaon teh moal bisa neangan batur kumaha, ujur rajegna tatangkalan jeung rabengna sasaton.

“Betah pisan,” ceuk Yadi kacida betahna. Sok sanajan euweuh lampu listrik. Teu rek kitu kumaha, imahna dijieun tina papan kahot anu tohaga dikuriling tatangkalan dina ampar ngeblagna buruan. Tangkal buah naon oge aya teu sirikna kari ngaronjang. Cai empang ngagenclang tutugan tina tilu umpak curug jangkung.

Baca Juga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x