Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

- 8 Januari 2024, 19:08 WIB
Dadang atawa Udang (katuhu), urang Ciparay anu jadi Tarzan di tengah leuweung Rejang Bengkulu, nyorangan, ukur dibaturan ku welasan anjing nu 24 jam siaga, ngajaga dununganana.
Dadang atawa Udang (katuhu), urang Ciparay anu jadi Tarzan di tengah leuweung Rejang Bengkulu, nyorangan, ukur dibaturan ku welasan anjing nu 24 jam siaga, ngajaga dununganana. /Emha/galura.co.id

Ari batur hirupna nu matuh mah: anjing, jumlahna wesalan, nu siaga saban waktu jeung saban diperlukeun. "Mun teu dibaturan ku para guik mah, uing moal bisa mastikeun aman teu amanna kaayaan, Bro." Kitu ceuk Udang, nu sapopoena idek liher dina kebon kalapa sawit atawa ngador buburuh nuar oge ngiangkeun kai-kaina ka Bengkulu.

Masalah bahan poko mah, geus biasa nyetok sabulan dua bulaneun utamana beas jeung uyah. Meuli beas jeung uyah mun Dadang ka kota. Da ari deungeun sangu mah lain bohong, ceuk babasan mah nyoer oge aya, kari nyiuk puguh, nyakitu dunya lalab mah narolol tina sela-sela papan bilik imah.

Lahan ngampar boga sorangan teh, ku Udang dipelakan pala, sawit, jambu batu, jengkol, peuteuy jeung nu sejen-sejenna, kabeh oge hasilna dijual. Leuweung nu ceuk dina sawangan mah kacida sepi jemplingna, singhoreng sabalikna, ceuk Yadi.  Ti isuk tepi ka isuk deui teh haneuteun.

Reup peuting, sasatoan disarada patembalan: jengerna bangsa manuk, bangsa surili, bangsa bangkong, bangsa geremet samodek, gaang, kasir, bewok, cihcir, caricangkas, kasintu jeung cangehgar saheng. Disambung isuk-isuk recetna manuk disarada ngabageakeun panonpoe jeung sora sasatoan sejenna.

Keur Yadi mah tepi ka teu kaur ngerejep tapi keur nu ngaran Tarzan ti Sebrang Bengkulu alias Kang Dadang ti Ciparay, soara-soara saheng kitu teh teu beda ti tembang-tembang pamepende. Matak leuwih nibrakeun sare, bisa ngareureuhkeun kacape tas digawe, tas ngurus kebonna, sangkan hasilna mucekil.

Geleger kerekna, milu aub seah marengan seahna para pangeusina jagad alas simagonggong Leuweung Rejang. Dialokan korolakna tilu umpak curug leutik jeung kocepatna burudulan lauk di empang pipireun imah. Matak teu aneh, Dadang  betaheun di leuweung teh, teu ngarasa cuang-cieung.*** Emha

 

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x