Kafilah Kabupaten Bandung Pinunjul ka-2 MTQ Tingkat Jawa Barat di Kabupaten Bekasi 

- 6 Mei 2024, 13:04 WIB
Kafilah Kabupaten Bandung  dina MTQ ka-38 tingkat Jawa Barat di Kabupaten Bekasi., jadi pununjul ka-2.
Kafilah Kabupaten Bandung dina MTQ ka-38 tingkat Jawa Barat di Kabupaten Bekasi., jadi pununjul ka-2. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kafilah Kabupaten Bandung pinunjul kadua Musabaqoh Tilawatil Qur'an (MTQ) ka-38 Tingkat Jawa Barat Taun 2024 nu digelar Kabupaten Bekasi, 27 April - 4 Mei 2024.

MTQ Jawa Barat ka-38 nu jejerna “Agungkan Al-Qur'an di Kota Industri Untuk Jawa Barat Juara Lahir Batin”  teh diluan ku kafilah ti 27 daerah tingkat II, kabupaten jeung Kota sajawa Barat.

Kafilah Kabupaten Bandung meunang poin 59, disusul Kota Bandung pinunjul katilu kalawan 57 poin, ka-4 Kota Bogor nu meunang 44 poin jeung kalima Kabupaten Karawang meunang 36 poin. Pribumi, Kabupaten Bekasi jadi pinunjul umum kalawan 127 poin, tur meunang piala tetep Gubernur Jawa Barat.

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngapresiasi naon nu geus kahontal para kafilah nu geus bajuang ngawawangikeun ngaran Kabupaten Bandung di kalang MTQ Jawa Barat taun ieu.

"Hatur nuhun ka 54 kafilah, 32 pembinan sareng 28 official, nu parantos bajuang satèkahpolah janten pinunjul, dina MTQ ka- 38 tingkat Jawa Barat," ceuk Bupati Bandung, Senèn, 6 Mei 2024.

Ketua Lembaga Pengembangan Tilawatil Qur'an (LPTQ) Kabupaten Bandung, Ruli Hadiana ogè nganuhunkeun ka sakumna kafilah.

"Hatur nuhun ogè ka Pa Bupati Bandung, Pa Sekretaris Daerah, para kepala OPD sareng sakum pihak ku pangrojong, sareng panyumanget, ogè pidoana,  Kabupaten Bandung pinunjul kadua di MTQ ke-38 Tingkat Jawa Barat," ceuk Ruli.

Ruli nètèlakeun, LPTQ Kabupaten Bandung baris terus ngalakukeun evaluasi tina sagala sisi sangkan dina  MTQ satuluyna Kabupaten Bandung bakal ngahontal deui gelar pinunjul umum. "Bakal dievaluasi," ceuk Ruli.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah