KPU Kabupaten Bandung: Bakal Bupati jeung Wabup Indepedent Kudu Dirojong 172.589 Urang

- 4 Mei 2024, 20:30 WIB
KPU Kabupatem Bandung ngayakeun sosialisasi pendafataran Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung  ti jalur perorangan.
KPU Kabupatem Bandung ngayakeun sosialisasi pendafataran Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung ti jalur perorangan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Komisi Pemilihan Umum (KPU) Kabupaten Bandung siap narima pendafaran Bakal Calon Bupati jeung Wakil Bupati Bandung ti jalur perseorangan atawa independen.

Tahapan pangumuman pikeun pembukaan pendaftaran Bakal Calon Bupati jeung Wakil Bupati Bandung mimiti tanggal 5 Mei tepi ka 7 Mei 2024.

Kituna tèh ditepikeun Ketua KPU Kabupatem Bandung, Syam Zamiat Nursyamsi waktu sosialisasi tahapan pembukaan pendaftaran Bakal Calon Bupati jeung Wakil Bupati Bandung jalur perorangan di Balai Pintar KPU Kabupaten Bandung, Jalan Sindanwargi Soreang, Saptu, 4 Mei 2024.

Syam Zamiat nu dibarengan Sekretaris KPU Kabupaten Bandung, Enda Irawan jeung Kepala Divisi (Kadiv) Griebaldi nètèlakeun, persyaratan pikeun Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung ti perseorangan kudu masrahkeun bukti dukungan sajumlah 172.589 urang (KTP).

Tahapan pamasrahan bukti dukungan Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung , ceuk Syam Zamiat nyaèta tanggal 8 Mei tepi ka 13 Mei 2024,

Syam Zamiat nyebutkeun, angka ieu tèh 6,5 persen dukungan warga nu kadaftar dina Daftar Pemilihan Tetap (DPT) Pemilihan Umum taun 2024 nyaèta sajumlah 172.589 urang nu sumebar ti 50 persen kecamatan di Kabupaten Bandung, pangsaeutikna di 16 kecamatan.

Intina, ceuk Syam Zamiat, KPU siap narima pendaftaran Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung. Sangkan leuwih tèmbrès KPU Kabupaten Bandung muka Helpdesk Pencalonan Pemilihan Bupati dan Wakil Bupati Bamdung Taun 2024 di Kantor KPU Kabupaten Bandung. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah