Maju deui dina Pilkada 2024, Bupati Bandung Mènta Didoakeun ka Calon Jamaah Haji sangkan Lancar

- 23 April 2024, 12:30 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna menta didoakeun ku para calon jamah haji basa muka bimningan manasik haji masal di Indoor Si Jalak Harupat.
Bupati Bandung Dadang Supriatna menta didoakeun ku para calon jamah haji basa muka bimningan manasik haji masal di Indoor Si Jalak Harupat. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon jemaah haji asal Kabupatem Bandung nu bakal dimiangkeun taun 2024 ayeuna jumlahna 2.965 urang.

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngawilujengkeun ka para calon jemaah haji nu geus ditetepkeun bisa miang ka Tanah Suci.

"Seueur kènèh para calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung nu masih kènèh ngantosan jadwal miang," ceuk Bupati Bandung basa ngaluuhan bubuka bimbingan manasik haji massal  tingkat Kabupaten Bandung taun 2024 di Gedung Indoor Si Jalak Harupat Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Senèn, 22 April 2024.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngarojong pisan Pangwangunan Masjid di Kabupaten Bandung

Bupati Bandung nyebutkeun, pamarèntah Kabupaten Bandung baris nyayagikeun armada beus jang nganteur miangna para calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung jeung mulangna ti bandara.

"Kanyaah ti Pamarèntah Daerah Kabupaten Bandung, insya Allah saban taun disayogikeun pikeun angkatna para calon jemaah haji sareng mulihna, kalebet aya kadeudeuh," ceuk Dadang.

Dadang Supriatna, miharep ka para calon jamaah haji sangkan ngadoakeun dirina di tempat mustajab, boh di Kabah, Raudhah, Masjid Nabawi boh di tempat-tempat mustajab sèjènna.

"Doakeun simkuring janten bupati nu tetep amanah sareng istiqomah. Amiin Ya Rabbal alamin. Neda pidoana Kabupaten Bandung langkung majeng. Samalah janten garda pangpayunna di Negara Kesatuan Republik Indonesia ieu, " ceuk Dadang Supriatna..

Dadang Supriatna ogè mènta didoakeun ku para calon jemaah haji, patali dirina bakal maju deui dina Pilkada Kabupaten Bandung 2024. "Mugia aya dina kalancaran," ceuk Dadang Supriatna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x