Pulisi di Majalengka Ngungkab Kasus Badag: Nyangkalak nu Diduga Ngedarkeun Sabu nu Jumlahna Sakilo

- 27 April 2024, 12:23 WIB
Satserse Polres Majalengka nyangkalak nu diduga ngedarkeun sabu (27/04/2024).
Satserse Polres Majalengka nyangkalak nu diduga ngedarkeun sabu (27/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Pulisi ti Satuan Reserse Narkoba Polres Majalengka, Polda Jabar, ngungkab kasus badag penyalahgunaan narkotika jenis sabu Jumaah peuting (26/4/2024). Dina ieu operasi  saurang  diamankeun di Gate Tol Kertajati, Kabupaten Majalengka.

Ceuk katerangan ti Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., anu mingpin langsung nu dibarengan ku Kasat Narkoba Polres Majalengka, AKP Tatang Sunarya, patugas mariksa nu dicuriga, kitu deui  jeung kandaraanna.

Hasilna, ditimukeun 1 (hiji) handphone dina awak  jeung 1 (hiji) paket diduga narkotika jenis sabu nu beuratba 1 kilo di jero mobil bagean tengah.

Ulon-ulon anu diamankan inisial BRB (31). "Saupami 1 (hiji) kilogram sabu sumebar, sahenteuna tiasa ngancam  kirang langkung 1 juta jiwa," ceuk Kapolres Majalengka.

Tina pangakuan pelaku, BRB oge diparentahkeun pikeun nganteurkeun sabu ti salasaurang di jero lapas. Tes urine anu dilaksanakeun ka BRB nembongkeun hasil positif ngandung zat metamfetamina (sabu).

Tina eta kajadian, BRB katut barang bukti diamankeun ka Kantor Satuan Reserse Narkoba Polres Majalengka pikeun penyidikan satuluyna. Tersangka dijiret ku ngalanggar Pasal 114 ayat 2 UU RI Nomor 35 Taun 2009 ngeunaan Narkotika.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x