Kaulinan Pepelendungan, Nyieunna Make Cai Panas jeung Kembang Sapatu

- 7 Mei 2024, 19:00 WIB
Kaulinan pepelendungan, gambar Budi Riyanto.
Kaulinan pepelendungan, gambar Budi Riyanto. /

GALURA.CO.ID -Aya kaulinan barudak, nu sarua, nu nyampak di réa nagara,  diantarana, saperti, maén kaléci, langlayangan jeung pepelendungan.

Béda jeung maén kaléci atawa langlayangan anu cara ngulinkeunana, perlu kaparigelan, tah ari  pepelendungan mah nu dijieun tina cai sabun, teu perlu kaparigelan, barudak leutik gé mampuh nyieun éta kamonésan mah.

Nu matak di nagara urang, kaulinan pepelendungan mah mungguh paling popiler ti mangsa ka mangsa, ti jaman aki –nini urang gé geus aya, malah ti jaman Walanda mula.

Tangtu hidep gé kungsi ulin pepelendungan. Enya da babari nyieunna téa, ukur sabun nu dicampur cai, dikucek –kucek, terus diancloman sedotan plastik, ditiup, burudul wé pepelendungan tina busa sabun téh haliber.

Sok sanajan kaulinan nu ieu téh babari nyieunna, tapi  kiwari loba nu ngajarualan pepelendungan téh, bédana, pédah cai sabunna dibéré kelir, warna-warni.

Tapi pepelendungan buataan sorangan téh, sok kurang kuat, hartina  busa-busa atawa gelembung-gelembung nu haliber téh gancang pareupeus.

Tah aya resep heubeul sangkan pepelendungan hiberna leuwih lila, anu hartina busa sabunna leuwih kuat. Carana kudu dibéré campuran deui, campuran ku daun “ kembang sapatu.” Pek hidep néangan daunna.

Tutas manggih éta pepelakan, petikan daun-daunna, meunang dua keupeul mah, tuluy  guntingan, nepi ka rada laleutik.  Geus ngumpul daun nu meunang ngaguntingan, cag, tunda heula.

Ayeuna siapkeun cai panas, terus cicikeun kana rantang. Geus kitu daun-daun kembang sapatu téh asupkeun kana cai panas. Gunana cai panas, keur ngaléob daun kembang sapatu, supaya kalaluar geutahna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah