Nostalgia Karéta Si Gombar, Lokomotif Uap Béak Dikakatan, Beusina Dikaloakeun

- 30 Januari 2024, 16:00 WIB
Lokomotif uap di nagara ukur nyesa sababaraha hiji, dikakatan beusina sarta dijual ka loak.
Lokomotif uap di nagara ukur nyesa sababaraha hiji, dikakatan beusina sarta dijual ka loak. /

GALURA.CO.ID -Ku sabab geus dianggap teu perlu, di Indonésia lokomotif uap dirakrakan, beusina dijual, dikilo. Ku bangsa asing mah kacida dipihandeueulna pisan. Ngan baé di Solo mah, aya lokomotif uap dipaké karéta wisata ngurilingan kota. Ieu meureun hiji-hijina lok uap anu bisa dioméan tur dihirupkeun deui.

Naha lokomotif uap sok dilandi Si Gombar? Bisa jadi aya riwayatna, sanajan naha bener riwayatna kieu? Cenah  nelahkeun Si Gombar mah ukur kana lokomotif uap anu tugasna antara Cibatu – Garut – Cikajang, jadi ukur di Tatar Sunda.  Ka lokomotif uap anu tugas di tempat séjén mah teu disebut kitu.

Ukur béh dieu béh dieu wé jalma sok nyebut Si Gombar ka saban lokomotif uap. Anu anéh, cenah gombar téh gambaran jalma jahat anu awakna badag. Tah, naon patalina jeung lokomotif uap? “Cenah pédah sorana pikasieuneun,” ceuk Sarip urang Pasirjéngkol, anu bungah duméh ayeuna ka Garut aya deui karéta api.

Baca Juga: Tutut Mambo Majalengka, Jajanan Legendaris ti Majalengka

“Barudak mah nyebutna ogé Si Gombar wé padahal pan ayeuna mah geus ku lokomotif désel. Baé antep, ah …,” pokna seuri. Ngan baé Sarip tetep boga kahandeueul  Si Gombar ayeuna geus taya di kieuna. Bangkarakna ogé cenah geus euweuh. “Ari ceuk urang Cibatu mah, ku sabab lila teu dipaké, lokomotif uap téh jadi besi tua, nya dijual dikilo,” omong Sarip.

Baréto dina taun 1989 kungsi lalajo anu keur nyacagan awak lokomotif uap di Stasion Banjar. Logam-logam lokomotif uap anu beuratna ratusan ton téh jenisna rupa-rupa.  Aya beusi, aya waja, aya tambaga aya kuningan. Éta harga saban kilona rupa-rupa. Nu pangmahalna mah tambaga jeung kuningan.

Di Indonésia leuwih ti 700 unit, kabéh geus korédas dicacagan. Aya kétah welasan anu disalametkeun. Diteundeun di Museum Karéta Api Ambarawa, Kabupaten Semarang, Jawa Tengah. Anu pujieun mah di Solo, sabab dipaké karéta wisata. Gerbongna gerbong kai, kawas dina film westeren, ditarikna ku lokomotif uap.

Ngan nyaéta harga tikétna mahal, ngaleuwihan harga tikét karéta api kelas ekskutif Lodaya jurusan Bandung-Solo. Jaba kudu maén borong, teu ngajual tikét jang sorangan. Tapi nu ngaborongna tara towong. Turis rombongan kudu antri, kudu ngamprah ti jauhna, pisababaraha minggu samemeh ka Solo.

Baca Juga: Pusatna di Cigugur Kuningan, Ajaran Madrais Samedi Hareupeun Seuneu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x