GALURA.CO.ID -Jaman keur budak, taun 1950-an, di lembur aya tukang maca wawacan. Sok kaogan dina kariaan sunatan, atawa hahajatan di nu ngajuru. Ngaranna teh Aki Sadun. Najan tara tamat, mindeng nembangkeun dangding tina wawacan”Rengganis”,”Purnama Alam”,”Panji Wulung”, “Samaun”,”Pua-Pua Bermana Sakti”, jeung sajabana.
Juru alokna, Amang Hasan. Nyetél dina “beluk” jeung dina bobodoran. Matak lamun hahajatan, papada hayang nanggap Aki Sadun jeung Amang Hasan. Ngan ongkosna rada undak. Pedah nembangna sok ditambahan lagam beluk nu “ngelewung”. Ongkoh deuih apan sapaket lain ukur nanggap Aki Sadun.
Susuguhna sok dipupujuhkeun. Salila nembang, dahareun tara orot. Opak, ranginang, bugis, peuyeum ketan, jeung rea-rea deui. Diwuwuh cai kopi jeung udud roko bodas atawa kéréték. Lamun susuguh béak, tukang beluk sok nyindiran nu boga hajat, teu beda dina pagelaran seni sejenna, ngarah susuguh diasongkeun deuih.
Baca Juga: Komunitas Seni Kaligrafi Huruf Arab Ariadimas
Kawas hiji waktu di nu nyunatan. Amang Hasan “ngabiskalan” atawa nganmimitian, mere “umpan” ceuk basa Indonesia mah. Ngagalantangkeun padalisan nu rék dibelukkeun ku Aki Sadun. Pedah susuguh geus sisip, geus rek beak. Duanana sapuk menta susuguh deui, ngarah tempat susuguh pinuh deui.
Ceuk Amang Hasan :
“Kangjeng Raja pok ngandika”
Goar Aki Sadun beluk.
“Kangjeng Raja murak bibika....aaaa....aaaa....”