Ucang Angge Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Tingciripit jeung Ucang Angge

- 13 Januari 2024, 10:00 WIB
Ilustrasi tingciripit ucang angge.
Ilustrasi tingciripit ucang angge. /Budi Riyanto/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Aya  dua jenis kaulinan barudak jaman baréto, nu biasa diulinkeun di jero imah.  Kaulinan nu kahiji, katelahna “Tingciripit.”  Ieu kaulinan ajang barudak nu kakara asup sakola atawa TK, paling gedé kelas dua,  tur diiluan, paling loba nepi ka lima urang barudak.

Carana kieu. Barudak, lalaki jeung awéwé narangtung ngariung ngawangun lingkaran. Salah saurang budak nu geus rada hideng, atawa nu  geus kelas 2, kapilih minangka nu ngalulugan kaulinan. Lulugu téh, namprakeun salah sahiji tapak leungeunna, disodorkeun di hareupeun riungan.

Geus kitu opatan budak ngantelkeun curukna séwang-séwangan kana tapak leungeun Lulugu.  Tutas opat curuk  arantel dina tapak Si Lulugu, tuluy manéhna nembang. Kieu tembangna : “ Tingciripit tulang bajing kajepit!”

Baca Juga: Peuyeun Kroto ti Kabupaten Ciamis, Dijieun Piopat Poeeun Samemeh Jumaah Kaliwon

Tah, lebah tungtung tembang, nu unina, “kajepit !” tapak  leungeun Si Lulugu, gasik dikeupeulkeun,  ari curuk barudak  nu opat kudu geuwat  dicarentok,  ngarah ulah karanggem ku ramo Si  Lulugu.

Kaulinan kawas kieu, sarua jeung latihan replek, antara pangdéngé jeung  gerak leungeun. Pikeun barudak  nu alus replekna, nalika ngadangu, kecap, kajepit! gancang curukna ngelés  tina ranggeuman tapak leungeun Si Lulugu.

Tapi budak nu cileureun mah, sok  gancang karanggeum ramo curukna. Tah ukur kitu,  kaulinan téh, basajan pisan. Tapi da ajang barudak leutik mah matak raresepeun, kuat ka cicirihilan, sieuneun curukna  karanggeum ku ramo Si Lulugu.

Aya deui kaulinan nu disebut “Ucang Ucang Anggé.”  Nu ieu mah, leuwih luyu disebut, kaulinan indung jeung anak, nyéta anakna  nu masih leutik kénéh, misalna budak umur bubulanan. Carana basajan pisan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x