Pamali Nanggap Kesenian nu Medar lalakon Budaya Cariu di Sukadana Kabupaten Ciamis

- 9 Januari 2024, 14:00 WIB
Kampung Ciparay, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, salasahiji wewengkon budaya cariu nu pantrang nanggap wayang.
Kampung Ciparay, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, salasahiji wewengkon budaya cariu nu pantrang nanggap wayang. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Di Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis aya  wilayah urut Desa Cariu nu kiwari kampung-kampungna dikatiludesakeun. Di lembur urut Desa Cariu pantrang nanggap kesenian nu aya lalakonna.

 Ari pantranganana mah nanggap wayang golek di lembur Ca­riu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung Kampung Ci­pa­ray teh. Jaman Pajajaran ieu lima lembur tadina wilayah Ca­riu nu ceuk jaman ayeuna mah wilayah Desa Cariu. Ngan kiwari lembur-lemburna di­bagikeun ka tilu desa di Keca­matan Sukadana Kabupaten Ciamis.

Kampung Cariu asup ka De­sa Sukadana, Sukarasa ka Desa Salakaria, Cikancah ka Desa Bunter, Salegok jeung Ciparay ka Desa Ciparigi. Na­jan misah desa saenyana lima lembur masih kabeungkeut tina wewengkon budaya nu sarua. Ukur administrasi pa­marentahan nu beda teh, lantaran sumebar di tilu desa.

Baca Juga: Cimanuk Kuring, Walungan nu Ngabagjakeun

“Leres di Ciparay pantrang nanggap wayang golek,” ceuk Agus nonoman urang Kam­pung Ciparay, Desa Ciparigi. Di­percaya mun aya nu nanggap wayang golek, bakal keuna musibah. Agus nyebutkeun ieu teh geus kabuktian, tepi ka warga tepi ka danget ieu taya nu wanian mun hajat nanggap wayang golek.

Kitu deui di lembur urut Desa Cariu –urang sebut wae bu­daya Cariu,  di Salegok, Ci­kan­cah, Cariu, jeung di Suka­rasa. Tapi mun urang lembur wewengkon budaya Cariu pindah daerah sejen di luar  bu­daya Cariu, moal nanaon nang­gap wayang golek oge, moal aya matakna teu kawas nanggap wayang golek di wewengkon budaya Cariu.

Ceuk Iwang  Rusniawan Adit­ya, nonoman Desa Suka­da­na nu neuleuman sejarah jeung budaya di Kecamatan Sukadana, dumasar kana legenda, sasakala di wilayah bu­daya Cariu teu meunang nanggap wayang golek teh aya pa­talina jeung Pra­bu Sirnaraja, raja di Ra­jadesa, nu kungsi mo­ro di Gunung Cariu.

Prabu Sirnaraja

Prabu Sirnaraja teh seuwu Sri Baduga Maharaja, ngaran aslina mah Guru Gantangan, bi­angna ngaranna Dewi Na­wangsih. Ku sabab leungeun ka­tuhuna kengkong, Guru Gan­tangan ngalalana. Anjog ka wewengkon Rancah. Ku Da­lem Rancah dititah tatapa di Hulu Cirancah. Sanggeus 12 bulan tatapa, leungeunna henteu kengkong deui.

Baca Juga: Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x