Pamali Nanggap Kesenian nu Medar lalakon Budaya Cariu di Sukadana Kabupaten Ciamis

- 9 Januari 2024, 14:00 WIB
Kampung Ciparay, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, salasahiji wewengkon budaya cariu nu pantrang nanggap wayang.
Kampung Ciparay, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, salasahiji wewengkon budaya cariu nu pantrang nanggap wayang. /Nanang S/galura.co.id

Waktu keur tapa di Hulu Cirancah, Guru Gantangan ngimpi didatangan ku bajing bodas. Eta bajing bodas teh sababaraha kali metot leungeun katuhuna. Barang lillir leungeun katuhuna geus henteu kengkong deui. Guru Gan­tangan kawin ka siwi Dalem Rancah. Memehna, siwi Da­lem Rancah teh gering sarta diubaran ku Guru Gantangan.

Teu lila sanggeus Guru Gan­tangan jatukrami (kawin), datang 4 utusan Sri Baduga Maharaja seja  neangan Guru Gan­tangan. Atuh puguh wae Dalem Rancah bungaheun pisan, minantuna seuweu Sri Ba­duga. Waktu Dalem Rancah rek nyerenkeun daerah kaka­wasaanana ka Guru Gan­tangan, Guru Gantangan no­lak kalayan alesan hayang ne­angan daerah anyar.

Dibarengan ku opat urang utusan Sri Baduga Maharaja, Guru Gantangan meunang da­erah di Samida nu ayeuna ka­bawah ka Desa Sirnajaya Ke­camatan Rajadesa, Kabu­pa­ten Ciamis. Di Samida saenyana dumuk Danuwarsih, ngan sa­terusna sabada nyerenkeun Sa­mida ka Guru Gantungan, pindah ka Gunung Marapi teu jauh ti Samida.

Utusan Sri Baduga Maha­raja sanggeus sawatara lila ma­turan Guru Gantangan, mulang ka Pajajaran seja be­beja ka Sri Baduga Maharaja. Teu lila utusan Sri Baduga Maharaja teh balik deui, bari mawa barang pamahanan Sri Baduga Maharaja. Guru Gan­tangan ku  Sri Baduga dibere gelar Prabu Sirnaraja.

Baca Juga: Ramat Lancah Gedena ukur Sapersarebu milimeter, Kakuatanna Leuwih ti Waja

Daerah kakawasaan Raja­desa harita ngawengku budaya Cariu. Hiji mangsa, Prabu Sirnaraja moro kidang di Gu­nung Cariu nu aya di wilayah Desa Cariu. Anu ngaranna moro tangtu wae henteu sapoe dua poe. Pikeun ngahibur Prabu Sirnaraja, cenah, dipintonkeun kasenian. Ngan henteu nanggap wayang.

Naha? Dina carita wayang Mahabrata aya tokoh nu nga­ranna Resi Dorna, leungeunna kengkong alatanana kungsi disiksa ku urut sobatna pedah waktu ditepungan Resi Dorna narah narima. Mun urang Cariu nanggap wayang heg ngamaenkeun Resi Dorna bisi nyigeung Prabu Sirnaraja, lantaran leungeu katuhu Prabu Sirnaraja kungsi kengkong. 

Ngan lamun disalusur deui, dipatalikeun jeung mun­culna wayang nu lahir jaman Walisongo kurang keuna mun sasakala di budaya Cariu teu meunang nanggap wayang dipatalikeun jeung Prabu Sir­na­raja. Jaman Prabu Sirna­raja tacan aya pagelaran wayang, komo wayang golek mah, di ta­tar Sunda, wayang golek ka­rek dipiwanoh taun 1900-an.

Carta wayang samemeh Walisongo oge saenyana geus dipiwanoh, bareng jeung da­tangna agama Budha jeung Hindu ti India. Ngan apan wa­yang versi India jeung versi urang mah aya nu beda. Upa­mana wae Resi Dorna dina versi India mah leungeunna henteu kengkong, jeung ka­rakterna oge hade, teu kawas Resi Dorna versi Walisongo.

Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah