Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

- 19 Desember 2023, 19:00 WIB
Pamasrahaan Bokor Mas Astagina ti Khanha (pinunjul ka-1 Bonojakrama taun 2021) ka Kadisbudpar Kabupaten Bandung Wawan Ridwan, dina bubuka Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Putea di Kabupaten Bandung (27/11/2023).
Pamasrahaan Bokor Mas Astagina ti Khanha (pinunjul ka-1 Bonojakrama taun 2021) ka Kadisbudpar Kabupaten Bandung Wawan Ridwan, dina bubuka Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Putea di Kabupaten Bandung (27/11/2023). /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ngaran piala keur pinunjul kahiji Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa nu digelar ti taun 1961 teh Bokor Mas Astagina.

Luyu jeung ngaranna pialana teh bentukna kawas bokor nu mibana juru dalapan sarta warnana koneng herang kawas emas.

Astagina teh ajaran Budha nu eusina dalapan tetekon (asta hartina dalapan, gina hartina tetekon atawa cecekelan hirup) nu udaganna sangkan hirup aya dina jalan nu bener.

Baca Juga: Ngungkab Misteri Rawa Onom jeung Pulo Majeti di Kota Banjar Jawa Barat

Tekad, pikiran, ucap, lampah, pacabakan, tarekah, perhatian, jeung konsentrasi nu bener. Nu matak dina basa Jawa Astigana hartina ngudag bebeneran.

Dina epos Ramayana, dipikawanoh Cupu Manik Astagina, jimat hadiah ti Batara Surya keur Dewi Indradi. Mun Cupu Manik Astagina dibuka cenah sagala rupa kajadian di dunya bisa ketempo, jaman ayeuna meureun nu disebut radar tea.

Kageulisan Dewi Indradi mincut Batara Surya sarta turun ka dunya nepungan Dewi Indradi ngajirim jadi Resi Gotama.

Duanana ngalambangsari. Geus kitu, Batara Surya nembongkeun jati dirina. Teu wudu Dewi Indradi ngajenghok.

Baca Juga: Teu Meunang Nanggap Kasenian nu Ngalalakon Di Wilayah Budaya Cariu Ciamis

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah