Teu Meunang Nanggap Kasenian nu Ngalalakon Di Wilayah Budaya Cariu Ciamis

- 18 Desember 2023, 16:42 WIB
Di Kampung Ciparay Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, teu meunang nanggap wayang.
Di Kampung Ciparay Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, teu meunang nanggap wayang. /Nanang S/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Di Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis aya  wilayah urut Desa Cariu nu kiwari kampung-kampungna dikatiludesakeun. Di lembur urut Desa Cariu pantrang nanggap kesenian nu aya lalakonna.

Ari pantranganana mah nanggap wayang golek di lembur Cariu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung Kampung Ciparay teh. Jaman Pajajaran ieu lima lembur tadina wilayah Cariu nu ceuk jaman ayeuna mah wilayah Desa Cariu. Ngan kiwari lembur-lemburna dibagikeun ka tilu desa di Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis.

Kampung Cariu asup ka Desa Sukadana, Sukarasa ka Desa Salakaria, Cikancah ka Desa Bunter, Salegok jeung Ciparay ka Desa Ciparigi. Najan misah desa saenyana lima lembur masih kabeungkeut tina wewengkon budaya nu sarua. Ukur administrasi pamarentahan nu beda teh, lantaran sumebar di tilu desa.

Baca Juga: Keris Mpu Gandring jeung Keris Mergopati, Ngalantarankeun nu Bogana Telenges

“Leres di Ciparay pantrang nanggap wayang golek,” ceuk Agus nonoman urang Kampung Ciparay, Desa Ciparigi. Dipercaya mun aya nu nanggap wayang golek, bakal keuna musibah. Agus nyebutkeun ieu teh geus kabuktian, tepi ka warga tepi ka danget ieu taya nu wanian mun hajat nanggap wayang golek.

Kitu deui di lembur urut Desa Cariu –urang sebut wae budaya Cariu,  di Salegok, Cikancah, Cariu, jeung di Sukarasa. Tapi mun urang lembur wewengkon budaya Cariu pindah daerah sejen di luar  budaya Cariu, moal nanaon nanggap wayang golek oge, moal aya matakna teu kawas nanggap wayang golek di wewengkon budaya Cariu.

Ceuk Iwang  Rusniawan Aditya, nonoman Desa Sukadana nu neuleuman sejarah jeung budaya di Kecamatan Sukadana, dumasar kana legenda, sasakala di wilayah budaya teu meunang nanggap wayang golek teh aya patalina jeung kedal ucapna Prabu Sirnaraja, raja di Rajadesa, nu kungsi moro di Gunung Cariu.

Prabu Sirnaraja teh seuwu Sri Baduga Maharaja, ngaran aslina mah Guru Gantangan, biangna ngaranna Dewi Nawangsih. Ku sabab leungeun katuhuna kengkong, Guru Gantangan ngalalana. Anjog ka wewengkon Rancah. Ku Dalem Rancah dititah tatapa di Hulu Cirancah. Sanggeus 12 bulan tatapa, leungeunna henteu kengkong deui.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x