Pangna Gamelan Sekatén Cirebon  Ditabeuhna Sataun Dua Kali

- 21 November 2023, 14:17 WIB
Gamelan Sekaten ditabeuh  di Siti Hinggil  Bangsal Sekaten, Keraton Kanoman Kota Cirebon, dina bulan Mulud sawatara waktu ka tukang.
Gamelan Sekaten ditabeuh di Siti Hinggil Bangsal Sekaten, Keraton Kanoman Kota Cirebon, dina bulan Mulud sawatara waktu ka tukang. /

GALURA.CO.ID -Gamelan Sekaten nu aya di Crebon  téh nyaéta sasét gamelan Jawa kuna pamahugi ti Radén Patah minangka maskawin basa putrana, Patih Unus, nikah ka salasaurang putri Kangjeng Sunan Gunung Djati Cirebon abad ka-16.

Ku lantaran kaasup barang pusaka anu dipikaajén, Gamelan Sekaten gamelan anu miboga laras purwa téh tara sambarang ditabeuh.

Lamun hég nincak poénan lebaran Idul Fitri jeung Idul Adha kakara Gamelan Sakaten téh ditabeuh ku paranayaga Karaton Kasepuhan Cirebon.

Baca Juga: Nyadap Tangkal Kawung: Kawas ka Parawan jeung Pinuh Tetekon

Sejen ti poé éta mah Gamelan Sekaten anu dijieun tina logam tambaga téh, disimpen di rohangan musieum  karaton, bari diriksa didama-dama ku parapunggawana.

Waktu nabeuhna lamun geus réngsé solat Id. Gamelan Sekaten  ditabeuh keur mirigan Kangjeng Sultan sakulawarga jeung paraponggawa karaton leumpang mulang saentasna solat di Masjid Sang Ciptarasa anu teu pati jauh anggangna ti karaton teh. 

Ari gending anu ditabeuhna, lain catrik, kulu-kulu barang, jipang lontang saperti  gending nu sok diparaké ku  nayaga kiwari.

Gending nu sok ditabeuh dina Gamelan Sekaten mah nyaéta gending Bango Butak jeung cirebonan. Ieu gending minangka warisan Kangjeng Radén Patah ti Demak anu kudu dipulasara sapanjang jaman.

Baca Juga: Tatanen di Urang Sunda, Ngahuma, Henteu Ngarobah Taneuh

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x