Nyadap Tangkal Kawung: Kawas ka Parawan jeung Pinuh Tetekon

- 20 November 2023, 16:11 WIB
Tukang sadap keur nerapkeun lodong dina leungeun kawung,  ka tangkal kawung kudu ati-ati, kudu asak ngolo kawas ka parawan.
Tukang sadap keur nerapkeun lodong dina leungeun kawung, ka tangkal kawung kudu ati-ati, kudu asak ngolo kawas ka parawan. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID ... Gundal gandul, cai ngalintung di manggung ngumpulkeun cai ti sagara kulon, ti sagara wétan, ti sagara kalér, ti sagara kidul kumpul ka dieu ngalintung di manggung…."

Eta téh parancah nu digalantangkeun ku tukang sadap waktu keur miara gagang kembang caruluk (di Priangan mah disebut leungeun kawung). Gagang kembang carulukna diayun-ayunkeun (digandul-gandul) ka katuhu jeung ka kénca.

Sabada dikitu-kitu meunang sabaraha poé, gagang kembang caruluk diteukteuk, nu ngari ukur 30 séntian, carulukna mah teu disésakeun. Geus kitu puhu gagang caruluk téh ditinggur, ngarah eumeur, ngarah lahang (legénna) babari kaluar.

Baca Juga: Tatanen di Urang Sunda, Ngahuma, Henteu Ngarobah Taneuh

Waktu keur ninggur, paranti ninggurna biasana dijieun tina ruyung tunggul tangkal kawung mangrupa gegendir leutik, aya parancahanana. Parancahna téh kieu: Nyi Rangké ... Ki Rangké... abdi badé nyandak susu Nyi Rangké, badé diolah keur pangabutuh kula.

Bérés kitu kari masang lodong nu dijieunna tina awi bungbung, keur ngawadahan lahang nu nyakclakan tina gagang caruluk nu geus dipotong tea. Lodong digantina dua belas jam sakali, isuk-isuk jeung soré.

Nyadap tangkal kawung mémang teu bisa sagawayah, rea unak-anikna. Samemeh nyadap, meuleum menyan heula, ditambah ku rupa-rupa sasajen sapertibubur beureum, bodas, surutu, jeung rupa-rupa sajabana.

Saacan “dipiara” ogé kembang kawung téh kudu geus manjing disadap. Lamun tacan manjing mangsa teu meunang maksakeun nyadap, hasilna matak nguciwakeun: lahangna saeutik atawa haseum waé, jeung gulana teu hadé.

Baca Juga: Kecap Bilangan dina Bahasa Sunda Aya nu Mibanda Istilah Husus

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah