Amplop Titipan di Resepsi Kawinan, Lain keur Nitipkeun Amplop nu Rek Dicokot deui

- 19 Oktober 2023, 08:06 WIB
Meja nu aya tulisan Amplop Titipan, keur nampung panyambungan ti anu teu bisa datang kana resepsi.
Meja nu aya tulisan Amplop Titipan, keur nampung panyambungan ti anu teu bisa datang kana resepsi. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID. -Amplop Titipan. Kitu unina tulisan nu aya dina meja, biasana, teu jauh ti lawang asup. Tulisan kieu ampir aya di tempat resepsi di padesaan, kaasup di Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Pikeun nu kakara apal mah matak heran. Pan, upama ngaluuhan resepsi biasana amplop nyambungan teh diasupkeun kana kotak nu geus disadiakeun di pelaminan, atawa langsung dibikeun ka nu boga hajat. Ari ieu naha make aya tempat keur nitipkeun amplop? Amplop panyambungan atawa amplop naon?

Mun urang diondang ku nu boga hajat ngaluuhan resepsi, boh nyunatan boh kawinan, hartina urang teh kudu nyambungan. Baheula mah nyambunganana teh sok aya nu ku atah, upamana ka hayam, embe, sayur, kentang, beas, jeung sajabana.

Baca Juga: Harta Karun di Muara Ci Keruh Tegalluar Kabupaten Bandung: Cacing Sutra

Anu nyambungan teh sok dibere kadaharan atawa istilahna pulang sambung. Mun diduitkeun pihargaeun pulang sambung teh tangtu wae henteu ngaleuwihan gedena nyambungan. Upamana mun nyambunganana Rp100 rebu, pulang sambungna teh moal lewih ti Rp25 rebu.

Bareto mah sakur nu nyambungan naha ku duit atawa ku kadaharan atah pulang sambungna teh sok ku kadaharan asak. Mun nyambunganana biasa wae atawa teu gede, kadaharanana, biasana sangu, sanga, lauk, daging, jeung nu amis-amis, diwadahan kana pipiti.

Anu nyambunganana gede mah kadaharanana diasupkeun kana tingkem atawa dus, tangtu wae kadaharanana leuwih loba batan nu diwadahan kana pipiti.

Ayeuna mah pulang sambung teh umumna ku kadaharan atah jeung kadaharan kemasan. Upamana mie instan, biskuit kemasan plastik, malah pulang sambungna teh aya nu ku sabun sagala.

Baca Juga: Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Ngara Utun Inji Mulus Rahayu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah