Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Ngara Utun Inji Mulus Rahayu

- 12 Oktober 2023, 20:58 WIB
Hajat Babarit, hajat tujuh bulan kakandungan anak munggaran.
Hajat Babarit, hajat tujuh bulan kakandungan anak munggaran. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ceuk tradisi bihari mah hajat ngandung tujuh bulan ku urang Subang, Ciamis, jeung Jatiwangi Majalengka disebutna babarit ari ku urang Bandung atawa tatar Priangan disebut tingkeban.

Babarit dilaksanakeun ku nu ngandung munggaran, anu umur kandunganna geus tujuh bulan. Kabéhdianakeun aya ogé nu unggal kakandungan umurna geus tujuh bulan, maké tali paranti hajat babarit.

Wanoja anu kakandungan jeung salakina dina upacara babarit dimandian ku cai kembang tujuh rupa. Dimandianna di rohangan husus, biasana dina balé atawa balandongan, dipindingan ku samping atawa kaén bodas.

Baca Juga: Belut Dipikaresep ku Urang Ciamis, Obat Maag, Halalna Dumasar Fatwa Syekh Nawawi Al Bantani

Eta kaén dipasang dina rohangan nu unggal juruna ditanceban tangkal tiwu. Tangkal tiwu dipake tihang keur nerapkeun kaén atawa samping. Tangkal tiwu nu dipasang di unggal juru simbol opat papat kalima pancer.

Kembang dikeueum dina gentong. Cai kembangna disiuk ku siwur ku para sepuh, terus dibanjurkeun kana sirah nu keur kakandungan katut salakina.

Laju salakina mamawa kendi dibawa ka jalan pasampangan terus dibeubeutkeun, tepi ka éta kendi peupeus, ditumbu ku meulah duwegan atawa kalapa ngora.

Duweganana digambaran wayang Dewi Subadra, Srikandi, Dewi Sinta, Arjuna, Abimanyu jeung Batara Rama. Cenah ngarah nurut buat, mun lahir budak awéwé, ngarah geulis kawas Dewi Subadra, Srikandi jeung Déwi Sinta, mun lalaki ngarah siga Arjuna, Abimanyu atawa kawas Batara Rama.

Simbul Siloka ti Babarit

Nu munggaran diséka sampéan, sangkan anu keur ngandung jeung nu dikandung teu salah léngkah, teu salah lumampah, numbu kana nyéka panangan, sangkan leungeuna méré mangpaat ka dirina, jeung kabalaréa, bisa nuyun kana jalan anu lempeng, anu diprido ku Gusti Nu Maha Suci.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah