Hajat Lembur di Kampung Bangbayang Kidul Cipaku Ciamis, Nguniangkeun Kuliner Buhun

- 21 Mei 2024, 08:49 WIB
Pasir Tangkil di Bangbayang Kidul, Desa Bangbayang, Kecamatan Cipaku, Kabupatyen Ciamis, Jawa Barat, tempat pajaratan luluhur Desa Bangbayang.
Pasir Tangkil di Bangbayang Kidul, Desa Bangbayang, Kecamatan Cipaku, Kabupatyen Ciamis, Jawa Barat, tempat pajaratan luluhur Desa Bangbayang. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ti taun 2020 Lembur Bangbayang Kidul, Desa Bangbayang, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis ngagelar Hajat Lembur. Biasana dilaksanakeun 1 Muharam ngan taun ayeuna mah dipundurkeun jadi tanggal 29 Mei 2024 atawa tanggal 21 Hapit 1445 H, poe Rebo.

“Pamaredih ti Disbudpora, saurna kedah ulah sasih Muharam” ceuk Jaka, rurah (kepala dusun) Bangbayang Kidul.

Geuning Hajat Lembur bisa dipindahkeun iraha-irahana? Apan ari di tempat sejen mah dumasar  itungan nu geus jinek?

Di Bangbayang Kidul, Hajat Lembur taya patalina jeung usum tatanen. Beda jeung di tempat sejen, dumasar itungan rengse panen jeung rek ngamimitian molah lalan tatanen, lebah dieu sawah atawa huma.

Hajat Lembur di Bangbayang Kidul puluhan taun ka tukang, samemeh merdeka, kungsi dilaksanakeun maneuh sataun sakali.

Pamianganana pikeun ngahormat luluhur lembur, Demang Jamaludin, nu dianggap makamna di Pasir Tangkil, kabawah keneh ka Bangbayang Kidul. Ngan saterusna teu dilaksanakeun deui.

Dina taun 2020, dina mangsa keur meumeujeuhna sasalad Covid-19 karek dilaksanakeun deui. Ngan  dihijikeun jeung kabiasaan masarakat dina ngabageakeun taun anyar Hijrah nu sarua jeung pananggalan Jawa.

Masarakat, kaasup di Bangbayang Kidul, dina 1 Muharam atawa 1 Suro (pananggalan Jawa) sok ngagelar acara.

“Pang Hajat Lembur digelar 1 Muharam teh supados sakantenan sareng ngabageakeun taun anyar Hijriyah,” ceuk Jaka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah