Bagong Asup ka Rohangan Prakték Bidan di Kuningan, Diperuhkeun ku Patugas Damkar

- 22 Juni 2024, 15:08 WIB
 Patugas Damkar Kuningan ningker Bagong anu asup ka koong ranjang fasien.
Patugas Damkar Kuningan ningker Bagong anu asup ka koong ranjang fasien. /Dok. Damkar Kuningan/

GALURA-Poé Saptu, 22 Juni 2024, kira wanci tabuh 5.30 WIB, Juari (56), urang Désa Léngkong, Kecamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, kagareuwahkeun ku mucunghulna dua Bagong.

Inyana mireungeuh dua Bagong di pakarangan imah, asup ka rohangan prakték bidan jeung kamer mandi. Enya, pamajikan Juari téh bidan anu biasa prakték di éta rohangan.

Harita mah keur taya pasén, da wayah isuk-isuk mah lain wayah prakték.

Mirengeuh bagong asup ka rohangan prakték bidan téa, teu wudu Juari ngarasa reuwas pacampur jeung sieun. Geus kajudi lamun éta bagong nubruk atawa ngamuk tangtu ngabahayakeun.

Patugas Damkar Kuningan ngarereyang Bagong
Patugas Damkar Kuningan ngarereyang Bagong
Ku sabab kitu, manéhna gagagancangan ngalaporkeun ka patugas Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupatén Kuningan.

Sanggeus nampa laporan, Kepala UPT Damkar Satpol PP Kabupatén Kuningan, Andri Arga Kusumah ngeprak 6 urang anggota pikeun néwak Bagong.

Anjog ka lokasi, teu sawatara lila patugas Damkar bisa meruhkeun Bagong ku cara dijiret maké tambang anu kawilang wedel.

Teu kungsi lila, patugas Damkar Kuningan datang pikeun néwak sato leuweung.

“Upama henteu ditéwak, tiasa janten ngabahayakeun kasalametan anu kagungan bumi sareng warga sabudeureun,” ceuk Kepala UPT Damkar Kkuningan, Andri Arga Kusumah.*** .

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah