Tokoh Ngora Asep B Kurnia jeung Prof. Cecep Darmawan Muji Prestasi Cumlaude Rohidin di Universitas Galuh

- 28 Juni 2024, 05:40 WIB
Aa Maung, Rohidin jeung Cecep Darmawan.
Aa Maung, Rohidin jeung Cecep Darmawan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Rohidin geus ngarèngsèkeun Program Magister Hukum kalayan konsentrasi Hukum Tata Negara di Universitas Galuh, 21 Juni 2024 katukang. Ngahontal predikat "Dengan Pujian" atawa cumlaude, satutas  ujian sidang tesis di Ruang 04 Kampus Pascasarjana Universitas Galuh.

Hontalan Rohidin  diapresiasi ku tokoh ngora pendidikan nu ogè Ketua Lembaga Bantuan Pemantau Pendidikan (LBP2) Jawa Barat, Asep B Kurnia, nu dipikawanoh ku ngaran Aa Maung,

"Prestasi S2 Rohidin inspirasi dina dunya atikan. Mugia kasuksesanana mecut entragan ngora kanggo ngudag cita-cita arinyana," ceuk Aa Maung, Kemis, 27 Juni 2024.

Saurang Guru Besar ti Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Prof. Cecep Darmawan ogè ngabagèakeun prestasi Rohidin. "Cumponan Rohidin nu nyangking cumlaude dina Ilmu Hukum nuduhkeun dedikasi sareng komitmen nu luhur. Simkuring yakin pangaweruhna bakal aya sumbangsih positif kanggo masarakat," pokna.

Rohidin nganuhunkeun ka kulawarga, sobat-sonatna, jeung dosen nu ngapingna ku dukungan nu  salila ngalakonan pendidikan. "Dukungan aranjeunna tèh konci sukses simkuring," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah