Bupati Bandung Meredih Masarakat jeung Para Siswa Ngahirupkeun Ngaji Magrib

- 29 Juni 2024, 05:30 WIB
Rembug Bedas ka-143   di Desa  Tanjungsari, Kecamatan Cangkuang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 28 Juni 2024.
Rembug Bedas ka-143 di Desa Tanjungsari, Kecamatan Cangkuang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 28 Juni 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALIRA.CO ID -Bupati Bandung Dadang Supriatma nyurung masarakat Kabupaten Bandung, hususnan para siswa ti tingkat TK tepi ka SLTA pikeun ngabiasakeun ngaji magrib.

Ieu pangjurung ditepikeun Dadang Supriatna waktu Rembug Bedas ka-143 jeung rèngrèngan Organisasi Perangkat Daerah (OPD) di Desa Tanjungsari, Kecamatan Cangkuang, Juma'ah, 28 Juni 2024.

Ceuk Dadang Supriatna, ku ngaji magrib bisa ngabentuk barudak mibanda ahlak mulya.

Dina Rembug Bedas harita Dadang Supeiatna nyurung masarakat nu masih ngaligeuh pikeun milu pendidikan jeung pelatihan nu geus disayagikeun Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung.

Iwal ti kiitu Bupati Bedas ogè miharep teu aya warga nu werit ku pangan. Lantaran kitu pihakna narèkahan mèrè bantuan pangan dina Rembug Bedas. Bantuan pangan dikamalirkeun ku Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung.

"Bantuan pangan ieu dipiharep bisa ngurangan angka stunting di Kabupaten Bandung," ceuk Dadang Supriatna.

Inyana umajak ka perangkat desa sangkan guyub jeung solid boh dina ngaronjatkeun pangwangunan boh dina ngaladènan masarakat.

Dadang Supriatna umajak ka masarakat Desa Jatisari sangkan lahan pertanian di desa ieu dijadikeun lahan pertanian abadi, perangkat desa jeung BPD dipiharep pikeun nyieun peraturan desa ngeunaan lahan pertanian abadi.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah