Rembug Bedas, Warga Desa Pulosari Pangalengan Kabupaten Bandung Hayangeun SMAN

- 12 Juni 2024, 07:40 WIB
Rembug Bedas di Desa Pulosari, Kecamatan Pangaleng, Kabupaten Bandung (11/06/2024).an
Rembug Bedas di Desa Pulosari, Kecamatan Pangaleng, Kabupaten Bandung (11/06/2024).an /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Waktu ngalaksanakeun Rembug Bedas di Desa Pulosari Kecamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, Salasa, 11 Juni 2024, Bupati Bandung, HM Dadang Supriatna getapan ngarespon aspirasi warga nu miharep aya Sekolah Menengah Atas Negeri (SMAN) di desana.

Aspirasi warga Desa Pulosari ditepikeun ku kepala desana Agus Rusman, di aula desa waktu Rembug Bedas tèa. Ceuk Agus, di desana euweuh SMAN, ukur aya di desa tatangga, atuh kuota siswa anyar lulusan SLTP nu kaserep tèh ukur warga desa tatanggana.

Di Desa Pulosari, ceuk Agus aya tanah carik legana 10 hektar nu mungkin bisa digunakeun lahan jang ngadegkeun SMAN.

Kana ieu aspirasi, Bupati Bandung langsung nharespon. "Kumargi di Desa Pulosari aya tanah carik 10 heltar nu siap digunakeun kanggo ngawangun SMAN enggal nya tiasa didamelkeun berita acarana," ceuk Dadang Supriatna.

Ku sabab  masarakat nyaluyuan lahan carik di Desa Pulosari dijadiakeun sarana jeung prasarana wangunan SMAN, Dadang Supriatna langsung ngintruksikeun pamarèntah Desa Pulosari pikeun nyieun berita acara jeung ngukur lahan.

Dadang Supriatna samèmèhna can lila ieu nepungan pejabat di Propvinsi Jabar pikeun ngusulkeun 20 titik lokasi pangwangunan SMAN, sabab kawenangan ngadegkeun SMAN tèh pihak Propinsi Jabar.

Usulanana disaluyuan."Alhamdulillah, di Kabupaten Bandung disaluyuan nhadegkeun SMAN di 10 kecamatan, " ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah