GALURA.CO.ID -DPRD Jabar mindeng narima laporan jeung mireng rea nu ngangluh soal PPDB di Jabar taun ayeuna nu dianggap teu luyu jeung prinsip-prinsip kaadilan.
Anggota DPRD Jabar, Hj. Nia Purnakania, SH, M,Kn nandeskeun pentingna transparansi jeung akuntabilitas dina Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) taun 2024. Ieu politisi PDIP Jabar, neueulkeun proses PPDB kudu dilaksanakeun tampa praktek titipan atawa nepotisme lantaran matak masarakat.
"Dina njalankeun PPDB taun ayeuna, DPRD Jabar meredih Disdik Jabar kudu nindak tegas ka pihak sakola jeung oknum nu kabuktian ngarempak aturan," ceuk Nia Purnakania. Inyana oge nyebutkeun pentingna transparansi dina sakabeg proses PPDB, ti mimiti pangumuman informasi tepi ka mekanisme meunteun jeung nempatkeun calob siswa.
"Masarakat mibanda hak keur apal unggal tahapan dina PPDB transparan jeung adil," pokna. Nia Purnakania nandeskeun DPRD Jabar bakal terus mocongok PPDB sarta moal cicingeun mun tea mah kapanggih hal-hal ngarempak aturan.
"DPRD Jabar hayang mastikeun unggal calon siswa mibanda kasempatan nu sarua dina atikan nu kualitasna hade tampa diskriminasi atawa nyalahgunakeun kakuwasaan," pokna.
Hj. Nia Purnakania, nyebutkeun hal eta teh ngarespons kana laporan jeung rea nu ngangluh nu ditepikeun ka DPRD Jabar patalina jeung dugaan praktek-praktek nu teu luyu jeung prinsip-prinsip kaadilan PPDB taun ayeuna. Nia Purnakania nandeskeun DPRD Jabar bakal tegas dina mastikeun kaadilan jeung transparan dina sistem pendidikan di Jawa Barat.***