PPDB, Plh. Kadisdik: Masyarakat Pasti Diladenan

- 11 Juni 2024, 10:00 WIB
Plh Kadisdik Jabar M.Ade (nangtung) keur nitenan PPDB di SMAN 1 Cilaku Cianjur sawatara waktu ka tukang.
Plh Kadisdik Jabar M.Ade (nangtung) keur nitenan PPDB di SMAN 1 Cilaku Cianjur sawatara waktu ka tukang. /

 

GALURA.CO.ID -Ratusan calon siswa milih datang ka SMAN 1 Cilaku, Kabupaten Cianjur  keur daftar daring dibangtu ku sakola tujuan (05/06/2024). Balukarna, sakola ngaladenan warga jadi leuwih lila tepi ka jam 8 peuting.

Plh Kadisdik Jabar, M. Ade Afriandi  nyebutkeun aya sababaraha faktor pangna loba siswa jeung kolotna daratang ka sakola.

"Kahiji,  fasilitas  nu kurang di imah siswa. Kadua, hariwangeun tacan kadaftar, padahal geus daftar mandiri di imah tepi ka ngarasa perlu datang ka sakola tujuan," pokna. Inyana mastikeun prinsip utama dina PPDB: masarakat  diladenan  jeung moal aya sakola nu ditinggalkeun atawa nu teu kaamodasi.

“Simkuring yakin lain ukur di SMAN 1 Cilaku (didongdon ku siswa jeung kolotna), di sakola sejenna oge pasti aya. Lebah dieu masarakat kudu diladenan," pokna. Plh Kadisdik nalingaan PPDB di Kabupaten Bandung Barat jeung Kabupaten Cianjur di Kantor Cabang Dinas Pendidikan Wilayah VI.

Make zoom, panitia PPDB di sakola  bisa langsung koordinasi jeung Kantor Cabang Dinas  lamun aya pasualan. Pj. Gubernur Jabar,  nyebutkeun unggal poe Pemprov Jabar terus ngaevaluasi sangkan PPDB leuwih hade. "Idealna sampurna, taya kakurangan.  Masih aya waktu keur ngomeanana,” pokna.

Sarengsena Rapat Pimpinan Pemprov Jabar di Taman Hutan Raya Ir. Juanda, Kota Bandung, inyana ngawanti-wanti calon siswa entong nunda-nunda  daptar. "Ati-ati  mun  daftar di wates waktu pangmukas (deadline), ulah error lagi (lantaran loba ngaakses)," pungkasna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah