Kedai Baso Difa View 2 Dibuka di Gerbang Tol Soroja Soreang

- 25 Juni 2024, 05:30 WIB
Komisaris Kedai Baso Difa View, Difa Ayu Setiasih jeung nu boga Kedai Baso Difa View  H. Abdul Haris, SH.
Komisaris Kedai Baso Difa View, Difa Ayu Setiasih jeung nu boga Kedai Baso Difa View H. Abdul Haris, SH. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Mun pareng ti Soreang rèk miang ka luareun Kabulaten Bandung liwat Jalan Tol Soroja, samèmèh asup jalan tol, ngabrèng-brèng rupa-rupa warung kuliner, rumah makan atawa restoran.

Ayeuna katambahan ku Kedai Baso Difa View 2, nu resmi dibuka, Senen, 24 Juni 2024. Pernahna ieu Kedai Baso Difa View 2 di Exit Tol Soroja Desa Parungserab, Kecamatan Soreang. Mun ti Soreang mah beulah katuhu, samemèh asup tol.

Nu boga ieu Kedai Baso Difa View 2 tèh H. Abdul Haris, SH. Inyana mimiti naratas usahana muka kedai di Ngamprah Kabupaten Bandung Barat sawatara taun kaliwat.

Konsumènna teu ukur warga sabudeureunana tapi kajojo ti mamana, kaasup warga Kabupaten Bandung. Marèma pisan komo lamun keur usum perè panjang.

Pikeun nyumponan kahayang kosumen di Kabupaten Bandung, nya H. Abdul Haris muka cabang Kedai Baso Difa View2 di gerbang pintu tol Soroja Soreang ieu.

"Simkuring neda pidoana muka kedai baso di dieu tiasa nambih kelir kuliner di Kabupaten Bandung, " ceuk H. Abdul Haris dina lolongkrang grand opening kedai basona.

H.Abdul Haris ngaku produk basona beda ti nu sèjèn, sabab emih jeung basona jieunan sorangan, teu meuli jadi. Dijieun ku pagawèna nu geus parigel  jeung profesional sarta ngagunakeun pakakas teknologi anyar tepi ka ngahaailkeun mie jeung baso nu mibanda cita rasa mandiri ku racikan bungbu tur daging sapi pinilih.

Pikeun ngamekarkeun usahana H. Abdul Haris baris muka cabang- cabang di sakuliah Jawa Barat, kaasup Kedai Baso Difa View 3 di Kecamatan Banjaran, Kabupaten Bandung.

Komisaris Kedai Baso Difa View, Difa Ayu Setiasih ngajelaskeun, wajar lamun konsumen nu datang ka Kedai Baso Difa View  sok daratang deui sabab deudeuieun. "Sajabi basona raos ogè ngadamel mièna didadak. Kumargi kitu rasana benten ti nu sanes, " pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah