Kuliner Cirebon Sega Jamblang Asalna ti Jamblang, Sidekah ti Pangusaha Mulim keur Tukang Bangunan

- 21 Juli 2023, 08:00 WIB
Kuliner Cirebon sega jamblang asalna ti Kecamatan Jamblang Kabupaten Cirebon, sidekah ti pangusaha muslim keur tukang bangunan.
Kuliner Cirebon sega jamblang asalna ti Kecamatan Jamblang Kabupaten Cirebon, sidekah ti pangusaha muslim keur tukang bangunan. /

GALURA -Mimiti ayana sega jamblang nu dibungkus ku daun jati, salasahiji kuliner Cirebon, teu bisa dipisahkeun tina dermawanna pangusaha muslim jaman Belanda nu dumuk di Jamblang, Kabupaten Cirebon: H Abdul Latief jeung pamajikanna, Nyonya Tan Piauw Lun nu dipiwanoh ku sebutan Nyonya Pulung.

H Abdul Latief karunyaeun pisan nempo tukang bangunan nu keur ngadegkeun pabrik heseeun neangan kadaharan. Nya ngumaha ka Nyonya Pulung sina nyadiakeun sangu nu saterusna dingaranan sega jamblang nu ayeuna geus jadi kuliner Cirebon, dibungkus ku daun jati.

Nyonya Pulung tangtu wae teu migawe ku sorangan dina nyadiakeun sangu keur tukang bangunan bangunan teh, tapi ngahiras deui ka pagawena. Pangna dibungkus ku daun jati, ngarah awet, nu matak sega jamblang nu geus jadi kuliner Cirebon teh, tepi ayeuna angger dibungkus ku daun jati.

Baca Juga: Sega Jamblang Kuliner Has Cirebon, Lain Ukur Pedah Dibungkus ku Daun Jati

Tukang bangunan nu disadiakeun sangu ku Nyonya Pulung teh keur ngadegkeun pabrik gula di Gempol Palimanan jeung di  Plumbon, sarta  pabrik spirtus di Palimanan.

Tukang bangunan asalna ti tempat nu jauh ti tempat pabrik nu keur dibangunna. Aya nu Sindangjaya, Cisaat, Cimara, Cidahu, Cinaru, Bobos, jeung Lokong. Arindit ti imahna janari, teu kaburu sasarap heula, ari baralikna burit.

Di tempat pagawena para tukang bangunan hese neangan kadaharan. Jaman harita tacan aya warung sangu. Lain teu kapikireun muka warung sangu, ngan pantrangan ngajual sangu masih digarugu, kaasup di wewengkon Palimanan.

H Abdul Latief oge nyadiakeun sangu keur tukang bangunan teh lain keur dijual, tapi estu keur sodakoh ka tukang bangunan nu hese neangan sangu lantaran euweuh nu ngajualan sangu tea.

Baca Juga: Pasar Banjaran Direnovasi, Padagangna Ahirna Leah Direlokasi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah