Sega Jamblang Kuliner Has Cirebon, Lain Ukur Pedah Dibungkus ku Daun Jati

- 21 Juli 2023, 06:00 WIB
Kulibner has Cirebon sega jamblang lian ti dibungkus ku daun  jati sangu diseupanna lila, minimal 1 jam.
Kulibner has Cirebon sega jamblang lian ti dibungkus ku daun jati sangu diseupanna lila, minimal 1 jam. /

 

GALURA -Salasahiji kuliner has Cirebon: sega jamblang atawa sangu jamblang: sangu timbel nu dibungkus ku daun jati. Ari sangu timbel mah dibungkusna ku daun cau, biasana cau manggala.

Anu ngabedakeun jeung sangu timbel nu dibungkus ku daun cau: sangu timbel mah sanguna padet pisan, lantaran memeh dibungkus sanguna didedet-dedet. Di kampung mah aya babasan mun sangu timbel dibaledogkeun ka anjing, anjingna oge tepi ka ngagaik. Ari sega jamblang nu geus  jadi kuliner has Cirebon, dibungkusna ku daun jati, sanguna semu bear, tapi empuk, henteu teuas.

Kualitas sangu timbel nu hade, kajaba kudu dibungkus ku daun cau manggala: sangu diasakanana diseupan, dina hawu, lain dina magicom. Kitu deui sega jamblang nu alus mah diasakanana diseupan dina hawu. Bedana, sega jamblang kuliner has Cirebon diseupanana lila, minimal sajam, leuwih lila leuwi hade, terus dibungkus ku daun jati.

Baca Juga: Pasar Banjaran Direnovasi, Padagangna Ahirna Leah Direlokasi

Boh sangu timbel  boh sega jamblang memeh dibungkus teh diakeul heula dina dulang, dibulak-balik bari dihihidan. Anu alus mah dulangna dijieun tina tangkal nangka, mawa aroma mandiri kana sanguna.

Di Cirebon sega jamblang dibungkus ku daun jati, kawasna tadina ngarah praktis jeung babari ngalana lantaran di Cirebon rea tangkal jati. Mun dibungkus ku daun cau mah, daun cauna kudu dileumpeuh heula dina seuneu, ngaran mun keur ngabungkus sangu, daun cauna henteu regas.

Beh dieu, kakoreh sangu nu dibungkus ku daun jati ngalantarankeun sanguna teu babari haseum, lantaran daun jati mah loba pori-porina. Ari sanguna empuk najan bear oge lain pedah dibungkus ku daun jati tapi alatan nyeupanna make hawu sarta diseupanna lila

Teu jentre naha sega jamblang anu didagangkeun di sisi jalan, di warung sangu jeung di restoran diasakanana diseupan dina hawu jeung diseupanna lila? Ari nu dahar sega jamblangna  semah mah moal nyahoeun, moal bisa ngabedakeun sega jamblang nu diasakanana dina hawu jeung diseupanna lila.

Baca Juga: Polres Majalengka Ngamusnahkeun Barang Bukti Narkotika Golongan 1 Jenis Sabu jeung Ganja

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah