Mapag Taun Anyar 1445 Hijriyah, Bupati Bandung Ngabagikeun Boeh

- 19 Juli 2023, 08:56 WIB
pawey obor  dina raraga ngabagèakeun taun anyar Islam 1445 Hijriyah di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Salasa (18/7/2023) peuting.  Bupati Bandung ngabagikeun boeh
pawey obor dina raraga ngabagèakeun taun anyar Islam 1445 Hijriyah di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Salasa (18/7/2023) peuting. Bupati Bandung ngabagikeun boeh /Sopandi/Galura

GALURA- Bupati Bandung, Dadang Supriatna, dina tablig akbar ngabageakeun taun anyar 1445 Hijriyah, Rebo (19/07/2023) di Dome Bale Rame ngabagikeun kaèn boeh. "Kapungkur ngabagikeun boeh teh kanggo sadesa (Desa Tegalluar). Ayeuna sakumna desa sareng kelurahan sa-Kabupaten Bandung," pokna.

Pangna dina tablig akbar dina raraga mapag taun anyar 1445 Hijriyah ngabagikeun boeh, ceuk Bupati Bandung, waktu dirina jadi kepala desa aya kajadian salaki pamajikan tilar dunya sapoè reujeung, tapi tacan sadia boeh, tepi ka kudu neangan heula.

"Ku kituna, upami aya warga Kabupaten Bandung nu ngantunkeun teu sesah-sesah teuing ngantos kaèn boèh,. Tapi simkuring ngaduakeun mugia warga Kabupaten Bandung sararèhat sareng panjang yuswa, " ceuk Bupati Bandung waktu miangkeun pawey obor mapag taun anyar 1445 Hijriyah, Salasa peuting (19/07/202).

Baca Juga: Mapag Taun Anyar Islam 1445 Hijriyah Pemda Bandung Ngagelar Gebyar Festival Muharam

Bupati Bandung umajak ka sakumna warga, taun anyar 1445 Hijriyah dijadikeun sarana pikeun muhasabah diri. "Mugia Allah ngahapunten dosa urang nu ka pengker sareng dina taun enggal urang dipasihan kasehatan lahir sareng batin, ogè kaberkahan, " pokna.

Aya kana 5000 urang warga ti Kecamatan Soreang, Katapang, Kutawaringin katut Kecamatan Cangkuang Kabupaten Bandung pawey obor dina raraga ngabagèakeun taun anyar Islam 1445 Hijriyah di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Salasa (18/7/2023) peuting.

Pawey obor dimimitian ti Lapangan Upakarti Soreang, dimiangkeun ku Bupati Bandung. Pawey obor ngurilingan Komplek Pemkab Bandung, tepi ka balik deui ka ka tempat asal, rutena aya kana 2 kilometer

Jajaran OPD Kabupaten Bandung katut para camat hadir dina pawey obor. Bupati Bandung nètèlakeun, ngareuah-reuah taun anyar Islam 1445 Hijriyah ti Salasa isuk-isuk geus digelar rupi-rupi kagiatan.

Baca Juga: Majalengka Nganggarkeun deui Dana Hibah Daerah, Taun Ayeuna Lembaga Kegamaan jeung Pasantren Meunang 4 Milyar

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah