Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Ngarojong Anies

- 18 Juli 2023, 15:15 WIB
Bupati Majalengka ngaluuhan Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka. Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Japto Soerjosoemarno ngarojong Anies.
Bupati Majalengka ngaluuhan Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka. Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Japto Soerjosoemarno ngarojong Anies. /Ayank/Galura

GALURA –Musyawarah Cabang VII (Muscab VII) Organisasi Masyarkat Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka taun 2023 dilaksanakeun di Gedong Islamic Center Senen (17/7/2023). Anu ngaluuhanana di antarna Bupati Majalengka jeung rengrenganana.

Polres Majalengka, Kodim 0617 Majalengka pangurus DPW Pemuda Pancasila Jawa Barat, pengurus MPC Pemuda Pancasila Kabupaten, PAC sarta ranting Keluarga besar Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, oge ngaluuhan Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka.

Ketua MPC Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka Enther Nizar dina pangbageana ngahatur nuhunkeun ka sakumna ondangan hususna ka Bupati Majalengka nu ngaluuhan Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka taun 2023.

Baca Juga: Panineungan Banjir di Kabupaten Ciamis Kidul, Aya nu Leungit di Masarakat

"Hatur nuhun oge ka sakumna kulawarga besar Pemuda Pancasila hususn MPC Kabupaten Majalengka kana dedikasi sareng rojonganana katut loyalitasna nu ngajantenkeun MPC Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka tetep solid," pokna.

Inyana miharep Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka taun 2023 lumangsung saluyu nu dipihatep. “Nyuhunkeun dunga sareeng pangrojongna," ceuk Enther.

Ketua MPW Pemuda Pancasila Jawa Barat nu ditepikeun ku Sekertaris DPW Pemuda Pancasila Jawa Barat Ahmad Rizal nyebutkeun evaluasi Muscab VII Pemuda Pancasila taun 2023 ku tim P2C geus pantes.

“Satuluyna perluna program kerja tetep solid ngajaga duduluran tetep kondusif tur sinergitas katut amanah Polri TNI ngutamakeun ajen-inajen Pancasila. Pemuda Pancasila aya kangge dipikacinta ku masarakat, ku program kemandirian teu kabeungket sacara politis,” pokna

Baca Juga: Head Line Galura Cetak Edisi III Juli 2023, Ritual 1 Suro di Tatar Sunda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x