Hayang Boga Kios, Tukang Batagor Ngajukeun Injeuman Kadua ka BPR Kerta Raharja

- 7 Mei 2024, 17:12 WIB
Tempat mangkal dagang batagor Jujun hareupeun kantor Desa Margahayu Tengah Kecamatan Margahayu.
Tempat mangkal dagang batagor Jujun hareupeun kantor Desa Margahayu Tengah Kecamatan Margahayu. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pinjaman Dana Bergulir tanpa Jaminan dan Bunga, salasahiji ti 13 program prioritas Bupati Bandiung, Dadang Supriatana, geus dirasakeun mangpaatna ku warga.

Salasahiji warga nu ngamangpaatkeun injeman modal usaha ti Bank Perkreditan Rakyat (BPR) Kerta Raharja teh Jujun Junaedi (47 taun) warga RW 08/Rt 05 Desa Margahayu Tengah, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung.

Jujun apal aya injeuman Kitu teh ti pamarèntah desa. Nya Jujun ngajukeun injeuman jang nambahan modal dagang batagor nu geus dilakonan 20 taunna.

"Simkuring nambut kanggo nambihan modal saageung Rp 2 juta. Kaleresan waktos aya Pak Bupati Bandung dina acara Rembug Bedas ka Desa Margahayu Tengah sataun kalangkung, Pa Bupati sacara simbolis nyanggakeun bantosan modal, " ceuk Jujun di tempat mangkalna dagang batagorna di hareupeun kantor Desa Margahayu Tengah, Salasa, 7 Mei 2024.

Hutang Jujun ka BPR geus punah  bulan Februari 2024. Storna saban bulan kurang ti Rp200 rèbu, satauneun. Jujun ngaku, harita kènèh ogè ngajukeun deui injeuman. 

"Waktos ngalunasan, simkuring ngajengkeun deui nambut. Kumargi, aya wartos upami lancar mayarna tiasa nambut deui langkung ageung. Nya simkuring ngajengkeun Rp 5 juta, " pokna.

Jujun miharep pangajuanana dikabulkeun ku BPR Kerta Raharja. Inyana hayang boga kios. Salila 20 taun dagang batagor, mimitina nguriling ka pilemburan di lelewek Desa Margahayu Tengah makè roda. Tapi ayeuna mah geus boga tempat mangkal matuh di hareupeun kantor desa.

Jujun nu digumelarkeun di Garut, ti saprak rimbitan taun 1999 jeung Eneng Sulastri nu ogè urang Garut, tuluy ngumbara ka Bandung. Kungsi digawè di bangunan tepi ka antukna dagang batagor sarta hasilna geus bisa boga tempat nganjrek di Desa Margahayu Tengah.

Nu ngokolakeun hasil dagangna pamajikanana. Jujun ngaku omset dagangna tina Rp 1,2 juta, distorkeun ka pamajikan, tuluy inyana ngabalanjakeun keur bahan batagot kana Rp 700-800 rèbu. "Nya panginten upami diètang bersih tina icalan tèh Rp 250," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah