Teu Tulus Dagang, Imah Tukang Bubur Kahuru

- 31 Desember 2023, 08:01 WIB
Patugas Damkar Kabupaten Kuningan keur ngadata, sanggeus seuneu anu ngalentab imah Oman pareum
Patugas Damkar Kabupaten Kuningan keur ngadata, sanggeus seuneu anu ngalentab imah Oman pareum /Damkar Kuningan/

GALURA-Oman (54), tukang bubur warga RT 15 RW 4 Desa Padarek, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan, henteu tulus dagang. 

Kituna teh, lantaran kaburu kamusibatan. Imahna kahuru, Ahad, (31/12/2023), kira wanci tabuh 3.45 WIB.

Samemehna, manehna keur ngasakan bubur, jualeun. Seuneu tina kompor gas ujug-ujug nyamber kana regulator.

"Diduga selang gas bocor atawa masangna kurang pas" ceuk Kepala UPTD Damkar Satpol PP Kuningan, Andri Arga Kusumah.

Seuneu anu ngalentab imah Oman, legana 3x6 meter Tina 10x6 meter legana Imah Oman, kakara pareum dina wanci tabuh 04.15 WIB.

"Teu aya korban jiwa, mung korban luka bakar sareng karugian harta," ceuk Andri.***

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x