Buah Tina Kaparigelan jeung Kadariaan, Salapan Kelompok Mahasiswa Uniku Lulus Seléksi Program Wirausaha

- 9 Mei 2024, 08:36 WIB
Mahasiswa Wirausaha Uniku
Mahasiswa Wirausaha Uniku /Uniku/

GALURA-Salapan kelompok mahasiswa wirausaha Universitas Kuningan (Uniku), lulus miluan seléksi Program Pendanaan Mahasiswa Wirausaha (P2MW).

Éta program téh diayakeun ku Direktorat Perguruan Tinggi Ristek, dan Téknologi (Ditjen Diktiristék) Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Risét dan Téknologi (Kemendikbudristék).

 

P2MW mangrupakeun program pamaréntah, bagéan tina mekarkeun wirausaha mahasiswa perguruan tinggi anu kadaftar di Diktiristék.

 

Saméméhna, aya 35 mahasiswa Uniku anu kalibet dina salapan kelompok wirausaha miluan seléksi.

Ti antarana mahasiswa program studi Sistem Informasi dan Teknik Informatika Fakultas Ilmu Komputer (FKom).

Laju, mahasiswa prodi Manajemén dan Akuntansi Fakultas Ékonomi dan Bisnis (FEB), Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonésia (PBSI).

Réktor Uniku, Dr. Dikdik Harjadi, SE., M.Si., dijejeran ku Wakil Rektor III Dr. Novi Satria Praja, M.Pd., nyebutkeun kahontalna éta préstasi buah tina kadariaan mahasiswa dina miluan seléksi.

"Alhamdulillah salapan kelompok wira usaha mahasiswa Uniku lulus seléksi P2MW. Éta buah tina kaparigelan sareng kadariaan mahasiswa dina ngiringan seléksi," ceuk Dikdik.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah