Di Bulan Romadon 1445 H, SMPN 1 Tanjungsiang Ngaronjatkeun Atikan Agama Ngabentuk Karakter Siswa

- 6 April 2024, 14:45 WIB
SMPN 1 Tanjungsiang, di Bulan Suci Romadon 1445 leuwih ngaronjatkeun atikan agama keur ngabentuk karakter siswa.
SMPN 1 Tanjungsiang, di Bulan Suci Romadon 1445 leuwih ngaronjatkeun atikan agama keur ngabentuk karakter siswa. /Azis/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngeusi kagiatan di Bulan Suci Romadpon 1445 H, SMPN 1 Tanjungsiang Kabupaten Subang ngayakeun progam pasantren kilat, tempat na di masjid sakola jeung di jero kelas.

Pupuhu SMPN 1 Tanjungsiang Taufik Hidayat S.Pd.M.M.Pd netelakeun, dina Bulan Suci Romadon ayeuna SMPN 1 Tanjungsiang dina pasantren kilat materina nyoko kana agama Islam, di antarana da'wah, tahfiz qur'an, tausyah, jeung sajabana.

Pasantren kilat dibagi sabaraha tempat, ku lantaran masigit nu aya di sakola teu mahi. Aya 2 kelas nu dipake pikeun ngalaksanakeun pasantren kilat. “Anu ngajarna aya nu didatangkeun ti luar sakola, ustad-ustad nu aya di sabudeureun sakola,” ceuk Taufik Hidayat.

Tujuan pasantren kilat pikeun leuwih mageuhan kapribadian siswa ku aqidah agama, supaya aya dina jalan kahadean jeung kawaluyaan. “Atuh di masarakat bisa ngajaga rengkak paripolah nu luyu jeung aturan agama Islam,” ceuk Taufik Hidayat.*** Zis

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x