SMP Pasundan 12 Kota Bandung Adumanis Tahfidz Qur’an jeung Pendidikan IT Coding

- 27 Maret 2024, 10:22 WIB
SIswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung suhud diajar IT.
SIswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung suhud diajar IT. /Cececp KS/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Ayana atikan tahfidz di lingkungan SMP Pasundan 12 Kota Bandung, ceuk pupuhuna, Zainal Hakim, SE., S.Pd., keur ngatik siswa didik sangkan boga kamampuan maca, ngapalkeun, neuleuman jeung ngamalkeun eusining al Qur’an. “Diajar maca al Qur’an, istilahna, tahsin, ari ngapalkeun al Qur’an mah, istilahna tahfidz,” pokna.

Liwung gandrung Tahfidz di lingkungan SMP Pasundan 12 nu alamatna di Jalan Sarirasa Nomer 130, Sarijadi, Kota Bandung, memang jadi garapan nu maneuh keur Zainal mah. “Simkuring, gaduh harepan sakumna siswa fashohah dina maca al Qur’an,” pokna.

Tahfidz Qur’an, Zainal nyambungkeun obrolanana, jadi mega program, gumulung ngahiji jeung program diajar neuleuman Basa Arab katut program pendidikan IT/Coding sarta Canva.  Pamadegan jeung patekadan Zainal, dina galeuh-galeuh kahirupan, atikan keur siswa didik kudu saimbang, antara elmuning agama jeung elmuning darigama.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

Matakna, keur ngudag siswa nu binekas, parigel jeung inovatif, malahmandar tepi ka bisa ngalahirkeun SDM siswa nu jadi andelan pikahareupeunna, atikan hususna siswa diatik mahir kana dunya teknologi informasi IT/Coding. “Paneka zaman, kiwari meredih kamampuhan siswa dina widang IT,” pokna.   

Dina tradisi Tahfidz Qur’an, ceuk Zainal, guru agama atawa muhaffiz jeung guru Basa Arab, dibere pancen ngabingbing para siswana diajar maca jeung neuleuman elmuning al Qur’an. Para guruna dipalar nyieun kurikulum jeung metoda nu ngajurung para murid daria diajar maca al Qur’an katut mesek eusina, diajar faseh Basa Arab. 

Neuleuman al Qur’an, di lingkungan sakola, sapopoena para siswa diwajibkeun ngalaksanakeun program setoran: setoran kamampuhan hafalan maca al Qur’an ka nu jadi guruna. Cindekna, geus tepi ka kamana kamampuhan hafalan al Qur’an, bisa disalusur ku para guruna dina program Sima’an al Qur’an.

Para siswa bagilir diuji kamampuhan maca al Qur’an, satuluyna Muraja’ah jeung Talaqqi, para siswa ngulang deui maca hafalan al Qur’an. Para siswa nu diajar Tahfidz Qur’an, para guruna, ceuk Zainal, boga kawajiban bin-nazar, merhatikeun potensi jeung kamampuhan maca Qur’anna, Bil-ghaib, diajar nalar al Qur’an.  

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x