SMP Pasundan 12 Kota Bandung Adumanis Tahfidz Qur’an jeung Pendidikan IT Coding

- 27 Maret 2024, 10:22 WIB
SIswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung suhud diajar IT.
SIswa SMP Pasundan 12 Kota Bandung suhud diajar IT. /Cececp KS/galura.co.id

SMP Pasundan 12 Kota Bandung, euyeub ku prestasi ekstrakurikuler, Gerakan Pramuka ngaleler prestasi tepika tingkat Kotamadya Bandung, ninun prestasi widang penca silat, katut prestasi sejenna. Matakna, teu ieuh jadi helok, mun jumlah siswana saban taun teu weleh undak. “Seueur siswa nu daptar ka dieu, namung ditolak patali kawatesan sarana rohangan kelas,” ceuk Zainal nutup wangkongan.  

Zainal Hakim, SE., S.Pd Ngaronjatkeun Sakola Perjuangan

Ngaronjatkeun kualitas atikan, kudu alus kelirna. “Paneka jaman, kaayeunakeun, meredih sakola, nyiptakeun SDM siswa unggulan keur bekel hirup pikahareupeunana. Euyeub dina prestasina,” kitu wangkongan Kepala SMP Pasundan 12 Kota Bandung, Zainal Hakim, SE., S.Pd ka Galura di rohangan gawena.

Baca Juga: HM Hasbullah Rahmad Ngawangun Sakola Anyar jeung Rutilahu di Kota Depok

Udagan nyiptakeun siswa nu leubeut ku prestasi, ceuk Zainal nu hirup ti bubudak di lingkungan pasantren, pamianganna tina atikan agama Islam. “Sakumna siswa, kudu pageuh kapribadianna ku bekel aqidah agama Islam, mun mentalitasna geus disipuh ku atikan agama, insya Alloh, lengkah hirupna moal ieuh pikamelangeun, aya ugeran akhlak dina dirina, moal kabawa ku sakaba-kaba,” pokna.

Kepala SMP Pasundan 12 Kota Bandung, Zainal Hakim, SE., S.Pd , raket jeung siswa didikna.
Kepala SMP Pasundan 12 Kota Bandung, Zainal Hakim, SE., S.Pd , raket jeung siswa didikna.

Matakna, teu ngabibisani, ieu caroge Rina Nurliana nu geus kasugerahan tilu seueweu teh, dina prak-prakanna mupuhuan sakola, atikan pendidikan ka para siswana teu ngaleupaskeun tina adumanis atikan agama jeung darigama. “Atikan di sakola umum, tangtu moal aya tapakna mun dina atikanana teu diwewegan ku atikan agama Islam,” pokna.

Mupujuhkeun atikan agama, mega program nu diwangun ku Kelas Unggulan, Kelas Model, Kelas Reguler jeung Kelas Afirmasi, nyata, neueul kana ngabumikeun al Qur’an.”Para siswa kudu fasohah, hirupna ulah buta al Qur’an, eta konci keur nanjeurkeun akhlakna, disagigireun syiar Islam,” pokna.  

Luyu jeung program YPDM Pasundan katut Paguyuban Pasundan, udagan Zainal, tukuh nyiptakeun siswa didikna nu Nyantri, Nyunda jeung Nyakola. “Sakumna murid di SMP Pasundan 12 Bandung, kudu pengkuh agamana, luhung elmuna jeung jembar budayana,” pokna.

Luhung elmu katut jembar budayana, dihartikeun ku Zainal, para siswa didikna, hirupna kudu masagi. Lian ti pengkuh kana agama, siswa didikna ngabogaan kaparigelan, nu onjoy ti batur. “Tah, di dieu mah, murid teh sadayana diatik kamampuan kana komputer, kamampuhan IT, ngarah hirup teu tinggaleun, ngigelan paneka zaman nu mingkin kompetitif,’ pokna.

Tarekah usaha Zainal, dirojong ku sakumna guru jeung karyawan, geus hasil nyiptakeun SMP Pasundan 12, sakola perjoangan nu leubeut ku prestasi. Binarung reueus, ieu putra mantan pejabat di lingkungan RRI Bandung, Endang Soleh suargi jeung Ibu Imas teh, moal aya kendatna satekah polah nanjeurkeun SMP Pasundan 12 Kota Bandung, jadi sakola unggulan, sakola nu jadi pilihan masarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x