Bupati Bandung: Calon Jemaah Haji Perlu Dibekelan

- 8 Mei 2024, 20:58 WIB
Kemenag Kabupaten Bandung jeung KBIH rapat koordinasi  kasiapan miang calon jamaah haji asal Kabupaten Bandung taun 1445 M/2024 H di Hotel Grand Sunshine Soreang, Rebo, 8 Mei 2024.
Kemenag Kabupaten Bandung jeung KBIH rapat koordinasi kasiapan miang calon jamaah haji asal Kabupaten Bandung taun 1445 M/2024 H di Hotel Grand Sunshine Soreang, Rebo, 8 Mei 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kantor Kementerian Agama (Kemenag) Kabupaten Bandung jeung Kelompok Bimbingan Ibadah Haji (KBIH) ngayakeun rapat koordinasi (rakor) kasiapan miang calon jamaah haji asal Kabupaten Bandung taun 1445 M/2024 H di Hotel Grand Sunshine Soreang, Rebo, 8 Mei 2024.

Bupati Bandung HM. Dadang Supriatna, Kepala Kantor Kemenag Kabupaten Bandung, H. Cece Hidayat, jeung tokoh masyarakat Kabupaten KH. Sofyan Yahya hadir.

Bupati Bandung  nyebutkeun, calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung nu bakal miang taun 2024 ieu sajumlah 2.955 urang. Samèmèh miang, ceuk Bupati Bandung, perlu dibekelan lebah dieu bekel luang, kumaha kasiapan tempat jeung asrama.

"Engkè asramana ngalih, nu sasari di Bekasi ayeuna di Indramayu, sareng miosnana ogè di Bandara Kertajati," ceuk Dadang Supriatna.

Ceuk Dadang, ngagunakeun asrama haji di Indramayu, karèk taun 2024 ieu. Kaasup pamiangan calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung di Bandara Kertajati,

"Peryogi aya pamahaman supados para pembimbing atanapi KBIH sakantenan Bandung tiasa uninga saurna tiasa para calon jemaah haji asal Kabupaten Bandung. Dipiharep  pamiangan calon jemaah haji tiasa tartib sareng tiasa ngalaksanakeun ibadah kalawan sampurna," pokna..

Dadang Supriatna miharep ka KBI enya-enya bisa mèrè pamahaman ka sakum calon jamaah haji samèmèh miang ka Tanah Suci Mekkah Arab Saudi.

Dadang Supriatna ngadoakeu ka para calon jemaah haji sangkan sehat salawasna, jeung jeung salamet. "Wangsul ka lemah cai meunang gelar haji nu mabrur jeung mabruroh. Aamiin Yatobbal alamin," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah